Teu aya Pangeran anging Allah
Rasululah nya-eta utusanana , nu masihan safa'at pikeun guru ajieun sakabeh mahlukna. Daek mibapa ka Kudrat , nu jadi asal elingan , inget ka nu jadi asal , di Indungan ku rasa Hakeki urang , disahabatan ku perasaan anu opat : 1. Tetep , 2. Sabar, 3. Welasan jeung ka 4. Wani kana kabeneran, pada ngadekeun tihang adegan kamanusaan (Haelafi) sangkan pantes kana adegna nu di lahir.
Ulah rek jongjon bumetah dina kadunyaan (Duniawi) bae, da dunya mah keuna ku rusak, geugeuy urang paro-paro, pada nyandung lahir batin , kajeun awewe lalaki, ngora atawa kolot, da rasa mah sarua bae, keur neangan kaperluan dilahir urang boga pamajikan (pangcingcingan) dina hawa nafsu nu opat nya-eta : Amarah, Luwamah, Sawiyah jeumg Mutmainah, nu asal kajadian tina seuneu, cai, angin jeung bumi.
Jeung pikeun perasaan batin, urang kudu cicing (boga pamajikan) dina timbangan kamanusaan : 1. Tetep sumembah ka Pangeran, 2. Sabar tawakal, 3. Welas asih ka sasama mahluk teu mandang basa jeung bangsa, ka : 4. Wani dina milampah kabeneran guna batur jeung dirina.
Nyandung rasa salawasna, mun urang nyaah ka batur, sarta mun di urang aya, pikeun pinulungeunnana , geura tulung saenyana, ulah rek mandang rupana, ka nu kolot ka nu ngora, jeung ulah rek nyieun susah, tugenah batur saimah, da rasa sarua bae, teu lalaki teu awewe, sarua pada ngumbara, di dunya moal rek lila, maksudna oge sarua pada hayang manggih genah, sarta hayang ngalampahkeun, papagon ti Rasululah sah-adat kamanusaan, jadi lamun urang ngagoda, nyieun lampah nu sulaya, naon pingaraneun urang?
Numatak saur sepuh : lamun urang geus bisa amal-amalan, kudu tuluy jeung amalna.
Mun geus bisa pupujian, kudu tuluy jeung nguji pamanggihna.
Mun geus bisa babacaan kudu tuluy jeung ngaji dirina, nasjid, hurup kalawan laga-laguna dina enggon-enggoning suhud IMAN ka Pangeran jeung kumawulana, sabab aya paribasa di dunya teh "Hirup katungkul ku pati, paeh teu nyaho di mangsa."

Naha geus sah, adat urang?
Lamun acan kumaha atuh? kapan ceuk tadi oge , anu bisa manut ka Rasululah teh kapan nu geus bisa migawe lampahing kamanusaan, karena lamun teu make, rek make jalan mana? Da Pangeran mah kapan teu aya kakirangannana ! Agungna, Murbana, Murahna, nu ngagaduhan sadaya puji, taya geusan mapendekeun-nana ?Numatak saur sepuh : lamun urang geus bisa amal-amalan, kudu tuluy jeung amalna.
Mun geus bisa pupujian, kudu tuluy jeung nguji pamanggihna.
Mun geus bisa babacaan kudu tuluy jeung ngaji dirina, nasjid, hurup kalawan laga-laguna dina enggon-enggoning suhud IMAN ka Pangeran jeung kumawulana, sabab aya paribasa di dunya teh "Hirup katungkul ku pati, paeh teu nyaho di mangsa."
Tidak ada komentar:
Posting Komentar