Kamis, 23 Februari 2017

Dongeng di Desa Karang Tumaritis (19)

DONGENG
di
DESA KARANG - TUMARITIS
  
Ku sae ngurus sareng metakeun nu janten Lurah katut punggawana ka Rahayat. eta desa estu janten pamujianana sadaya Pangagung waktos harita; malah seueur Lurah2 ti sanes desa anu ngahaja naros ka eta Lurah tina rupi-rupi hal anu perlu dijalankeun di desana, ngumaha supados desa tiasa subur, beres roes sapertos nu parantos kajantenan di Karang-tumaritis .

Hiji waktos saparantosna beres nguruskeun ieu sareng itu di bale desa, Ki Lurah Karang-tumaritis ngadeheus ka kasepuhanana nu linggih di Waruga-jati, nya eta Sang Pandita Jati Rasa, padesan Karang Tumaritis keneh.

Waktos ngadeuheus Ki Lurah parantos ditaros rupi-rupi pertarosan nu ngait kana kaayaan padamelan Ki Lurah. Desa sareng Rahayatna, nya kitu deui Ki Lurah parantos nerangkeun kasalametannana, oge disarengan ku ngahaturkeun rebu-rebu nuhun ka sang Pandita, wireh nu karaos ku Ki Lurah sadaya nasehat ti anjeunna anu parantos dijalankeun estu seueur pisan mangpaatna.

Saparantosna tuang leueut, Ki Lurah dicandak ngalih ka bale-kambang, nyaeta tempat kalangenan Sang Pandita ngaheningkeun panggalihna…….Didinya Sang Pandita ngawitan naros sajabina ti urusan nu parantos diterangkeun ti payun kieu:  

“Isun (Isun the jenengan Ki Lurah keur waktos alit tea, ku jalaran teu aya asa sareng jiga deui, Sang Pandita nyebat ka Ki Lurah the Isun bae, henteu nganggo jenengan anu anyarna = ……?). Mama arek nanya, lantaran geus leuwih ti sataun lilana maneh mawa binih ti Mama, tah kumaha ku maneh diditu, naha geus dipelakkeun , jeung kumaha buah-buahna?”

Isun : Perkawis binih anu kapungkur pasihan ti Mama, ku sim abdi sapalih-paliheun parantos dipelak sareng Alhamdulillah buah-buahna mah sarae pisan, buktos anu parantos dihaturkeun ka Mama ku sim abdi tadi.

Pandita : Lamun ktu mah atuh sukur karana ….. ari cara Mama mah teu weleh melang bae ka maneh the sok komo maneh geus kapilih kunu jadi Rahayat dijadikeun Lurah, ari Lurah the ngaran pangkat, tur eta pangkat sajabana diangkat kunu jaradi Rahayat, oge disahkeun kunu jadi Pangagung, jadi lamun maneh teu nyumponan kana ngaran kapangkatan ku pagawean maneh sacarana jadi Lurah , eta matak meunang bebendon ti Pangagung, jadi salawasna maneh kudu inget yen maneh teh estu beurang reujeung peutingna disaksi ku nu ngarangkat jeung ngesahkeun maneh.

Isun : Sacariosan anu disaurkeun ku Mama bieu ka raosna ku sim abdi anu yaktos pisan, salami sim abdi janten Lurah, elingan sreng pikiran teh meh taya tentremna cus cos kaditu kadieu sieun sareng risi gulung ngajadi hiji, sieun desa teu kaurus kalawan beresna, risi aya kalepatan ka Pangagung sareng rupi-rupi deui.

Pandita : Tah nya-eta kitu, nu matak Mama teu weleh ngelingan ka maneh, ngan ayeuna kieu, geura kanyahokeun bae heula kaperluannana Rahayat supaya Rahayat anu aya di desa maneh oge barisaeun nyumponan kana ngaran Rahayat, supaya maneh babari ngaluluguannana , kieu geura: ari hartina Lurah teh Luluguna Rahayat anu aya di desa, ari hartina Rahayat nya-eta jalma anu aya di desa tur nyumponan kana ngaran karahayatannana, jadi palebah dieu maneh kudu ngarti, dimana aya jalma anu sok ngumbar nafsu tur temahna matak ngajadikeun cilaka ka desa katut pangeusina ku maneh ulah rek diluluguan, angger kudu buru buru pasrahkeun ka nu wajib nguruskeunnana, ari cirina jalema anu teu nyumponan kana ngaran Rahayat tur aya matak ngusutkeun desa katut ngaran Rahayat nya-eta:

1.     Nu sok ngumbar nafsu hewan (roh hewani), eta henteu nyumponan kana ngaran Rahayat, sabab gawena ngan resep nyiar panyerewedan, ari badan amnusa, ari adat cara sato nu sok resep diadukeun.
2.     Nu sok ngumbar teuing nafsu dunya (duniawi), adatna hawek tara malire ka batur asal ngawungkul keur manehna, ari badan manusa, tapi adat cara buta.
3.     Nu sok ngumbar nafsu iblis (robani), adatna resep ngarusak rumah tangga batur, shwat nu diatur-atur, sifat cinta geus teu aya, wungkul ngudag pangabogoh, ari badan manusa, tapi adat cara siluman.
4.     Nu resep ngajalankeun eta anu tilu hal nu kasebut di luhur, nya nu kitu nu sok ngaruksak ka tentreman Rahayat , negara katut eusina, disebutna adat setan.
Ari anu disebut Rahayat mah nya-eta: jalma-jalma nu daraek usaha keur kaperluan rah (getih)- na jeung oge ngulik keur kaperluan hayat (hirup)-na, karana ku maneh oge tangtu kaharti: yen rah teh eta jadi nyawana Jasmani (cageur) jeung hayat eta jadi nyawana Rohani (bageur), nya kitu hartina Rahayat teh jalma-jalma anu migawe kalakuan keur cageur jeung bageurna , sabab ku kayakinan Mama lamun pangeusi desa geus carageur jeung bageur, nu jadi lulugu  (lurah) teh moal hese nguruskeunnana.

Ku hal eta maneh kudu nganyahokeun jeung ngelingan ka Rahayat maneh, supaya maranehannana daraek migawe pagawean nu matak ngahuripkeun desa jeung ngahirupkeun kamanusaannana.

Isun : Sadawuhan Mama ku sim abdi kahartos pisan, malah sim abdi moal bade ngabantah, margi yakin upami Rahayat parantos tiasa marigawe kana pisanggem Mama bieu, Lurah teh moal sesah nguruskeunnana …. mung bae sakalian bade tumaros naon deui anu kedah dikanyahokeun ku sim abdi sajabina ti eta?

Pandita : Di desa aya kokolot, ari hartina kokolot teh nya-eta jalma nu geus dipikolot ku Rahayat tina hal ngurus kaperluan cageurna desa katut eusina ….Nyieun (aya) Lebe nu jadi pamanggulna tina hal urusan Agama di desa, pagawean Lebe teh wajib ditiru nu hadena ku Rahayat nu rek ngahirupkeun kamanusaannana. Lebe geus mere conto ku lahir (carita) boh ku prakna , geuning ti gubragna orok, salametannana (nyunatan, ngawinkeun, warisan jeung sajaba ti eta) diurus ku Lebe, kitu deui papatina, serah, ruju nepi ka maotna diurus ku Lebe keneh, nu matak pantes Lebe teh ku tukang Agama mah dibere ngaran Amil nu pihartieunnana  tukang amal (lain tukang amal-amalan wungkul), malah sajaba ti eta, Amil teh geus ngabantu nu migawe pagawean nu diparigawe ku sasama ponggawa desa… Ari polisi nya-eta pikeun ngajaga kaamanan desa jeung negara…Ku ayana aturan nu sakitu beresna, oge di desa aya sakola pikeun ngamajukeun Rahayat pikeun ngudag kamajuan nurutkeun jamanna (sangkan calageur)…. Pasantren ngajarkeun aksara jeung basa Arab , supaya rahayat ngarti kana tujuan Agama (supaya balageur)…Ari maneh lurah , sajabana nganyahokeun  jeung ngahartikeun kana sakabeh urusan ponggawa jeung kaayaan desa, oge maneh kudu nganyahokeun naon nu wajib dipigawe ku maneh, karana lamun nurutkeun kanyaho Mama ti luluhur urang baheula mah Lurah teh jadi wawakil Kanjeng bupati di desa, ari Bupati jadi wawakil Ratu di nagara, ari Ratu minangka jadi wawakil Allah di Dunya…..Lantaran kitu atuh Lurah teh nya kudu ngaharti kana jalan ka Allahan, da maneh teh leutik-leutik oge jadi wawakilna Allah di desa, kitu soteh ceuk Mama.

Isun : Menggah kangge sim abdi mah pangna tumaros ka Mama oge nya-eta rumaos kirang kanyaho, ayeuna ku Mama bade diwasiatan, atuh nu teu kirang-kirang nya kaatohan, mung bade tina pertarosan Mama tadi “kapake atanapi henteuna ku sim abdi” eta mah kumaha engke, sae bae ku sim abdi diturut, awon bae atuh moal.

Pandita : Mama boga kanyaho warisan ti luluhur maneh, nu jenengannana Ki Buyut Sunda, nya-eta Aji Dipa (elmu papak), ayeuna rek didongengkeun ka maneh, ku lantaran eta salah atawa benerna dongeng Mama, ku maneh catet, ari nyatetna kieu : lamun ku maneh teu kaharti sarta teu kasaksi ku rasa, eta geura sebut salah; tapi lamun kaharti sarta kasaksi ku rasa, geura sebut bener.

Isun : Unjuk sumangga.

Dongeng Pandita

Jaman baheula di tanah Jawa (Djawa Dwipa) samemehna aya sakola atawa pesantren anu minangka disebut Kitabna Allah teh nya-eta bumi jeung langit , ari pangna disebut Kitabna Nu Maha Suci, sabab mungguh mahluk mah moal barisaeun nyieun, ari nu disebut huruf (letter) na lain cara ayeuna A,B,C, Alif, Be, Te, Se, Ha, Na, Ca, Ra, Ka …… lain !!!

Tah kaayaan nu aya dina satangkaraking bumi jeung satungkebing langit, saperti tatangkalan, jujukutan, sasatoan, seuneu, cai, taneuh jeung sajaba ti eta (sakabeh anu dijadikeun ku natuur, alam, nu kasaksi ku pancadria, eta aksara anu letterlijk (eces), sabab ku anggapan jalma baheula di tanah Jawa, aksara nu aya dina kitabna Nu Maha Suci (bumi-langit) teh cenah asalna ti Lohmahfud, kabeh huruf, kabeh bener, tur kaharti, ku sakabeh mahluk, nu lolong, nu torek jeung nu pireu oge bisa nyebut ( ngama na’an ku basa kabangsaannana), ana nyebut cau teh kana wujudna cau, nyebut kalapa teh kana wujudna kalapa, gunung kana gunung, pasir kana pasir, cai kana cai jeung saliana nya kitu bae ….. jadi lamun ku urang disaruakeun jeung nu ayeuna nya aya oge bedana, saperti kieu, ayeuna mah :

Ngaraosna (maracana) == diajar nyaho kana aksara jieun jalema, naha “alif, be, te, se, ha, na, ca, ra, ka atawa a,b,c”, sanggeusna wawuh kana hiji-hijina aksara, tuluy diajar deui ngahiji-hijikeun aksara tea, eta disebutna :
u kana cau
Ngaraji (ngahargada, nyaho pangajina aksara) upama be dijabar = ba, be wau dipees – bu…. babu, tah eta teh lain babu enyaan (jleg jadi babu tulen), tapi meureun ku maneh kaharti eta mah ngan babu aksara.

Sanggeusna barisa maraca jeung ngarajina, nya bukti ayeuna loba buku-buku nu dieusi kurupa-rupa aksara jeung basa nurutkeun kabisa anu boga jieun, maksudna “mere beja ku aksara tea”, jadi ana sakitu meureun tambah kahartina ku maneh yen dina saeusi buku teh ngan beja tina kanyahona sasama jelema….

Ari baheula jaman karuhun urang mah kieu :

Ngaraosna (maracana) = sanggeusna jelema bisa usik malik sarta boga bahan ngomong tuluy diajar ngomong , ngomongkeun (nyebutkeun) naon nu katenjo, naon nu kadenge, naon nu ka ambeu jeung sajaba ti eta, jadi baheula mah ari nyebut gunung teh nuduh kana gunungna, pasir kana pasirna, cau kana cauna, nya lila-lila sanajan budak oge jadi nyaho kana wujudna anu disebut ku maranehannana, nu matak sakabeh kaayaan nu dijadikeun ku Nu Maha Suci ku karuhun urang disebut huruf, ari hartina sakabeh teu aya cawadeunnana jeung kabeh berguna, oge teu aya hiji mahluk nu bisa nurutan nyieun, geura pikiran bae ku maneh naha aya hiji mahluk nu bisa nyieun cau, paling bisa nyieun ku lilin, naha eta teh cau enyaan? Budak oge tangtu bisa nyebut eta ma cacauan ; digambar dina kertas nya disebut gambarna …..jeung hurufna tea aya itungannana dimana-mana sarua, ngan beda teh panyebut jelema nurutkeun kabangsaannana bae, saperti di Sunda mah disarebut cau k Malayu mah pisang, ari wujudna mah eta-eta keneh bae. Palebah dieu sok rada asa enya, cek beja : dina kitab Nu Maha Suci hurufna kabeh ti Loh-Mahfud, lain meunang nyieun manusa, da meunang manusa mah ngan saukur tepi ka cenah atawa semet beja, henteu wujud cara huruf ti Nu Maha Suci.

Ngarajina : sanggeusna urang nyaho kana ngaran-ngarana, jeung ku geus lilana ngarasa hirup sakumbuh nu taya pegatna jeung eusina ieu donya, sok mustahil urang nepi ka teu nyaho pangajina (hargana) gening rata-rata alihtiar , nu ngaler, ngidul ngetan jeung ngulon nareangan nu huruf keur dirina atawa keur bangsana, sabab sakabeh geus ngarasa atawa ngaraos (ulah ngirung manana), seeneu teh: panas cai teh : tiis, dunya teh berguna lamun hade ngajalankeunnana.

Katerangan dongeng anu geus diterangkeun ku Mama di luhur, ringkesna ku Mama dibalikeun deui kieu : Jelema baheula mah :

Ngaraosna (macana) : nganyahokeun jeung ngingetkeun sarta nepi ka bisa ngucapkeun :”Naon-naon nu ka ambeu, nu ka denge , nu katenjo jeung nu ka rasa”.
Ngarajina : Nyaho pangajina sakabeh nu aya di satangkaraking bumi satungkebing langit,nsaperti: perlu make seuneu teh lantaran butuh ku panasna, cai ku tiisna jeung nyegerkeunnana jeung lian-liana deui.
Ngaraosna geus ulah make beja deui, estu karasa ku sorangan, sabab ku pamanggih jelema baheula, ari cek keneh cek keneh (beja keneh beja keneh) mah moal bisa jadi kapercayaan anu tetep.
          Sanggeusna : Ngaraos (maraca)
                               Ngaraji (nyao harga)
                              Ngaraos (ngarasa)
tuluy diajar “boga rasa” …..sabab ku kayakinan jelema baheula, upama jalema geus baroga rasa, nu tangtu di dunya bakal aya katengtreman, dimana dunya tengtrem, pangeusina anu tangtu pinanggih jeung genah, ngeunah nepi ka raosna.
          Naon hartina genah? = ari hartina genah nya-eta “pangancikan rasa” !!
          Ari ngeunah ? = eta, katuangan raos !!
          Ari raos kapanggihna ku sakur jalema mun kabeh jelema geus baroga rasa!
Naon hartina “boga rasa” ? = ari hartina boga rasa, nya-eta perasaan anu wajib dipigawe ku carana manusa nu make kamanusaan.
          Naon hartina “kamanusaan” = ari kamanusaan nya-eta jalan-jalanna nyalametkeun dunya katut pangeusina, karena ku kayakinannana jelema baheula lamun salamet geus tangtu matak raosna.
Sabaraha pangajina ari Raos = ari raos mah pangajina teh geus moal aya nu bisa ngukur atawa ngira-ngira pihargaeunnana, kajaba ku nu geus bisa ngukur kujurna, ngimbang awakna, saperti kieu: Najan urang jadi miliuner, najan boga pamajikan jiga widadari, cicing dina gedong alus, awak jeung pakaian ditaretes ku emas jeung berlian, tapi ari teu raos kumaha ? …..sarta sabalikna: pakean rudin, imah butut, jeung batur lulus, ari raos ?......jeung ari raos teh beunang oge dihartikeun “Aji Wiji” (bibiting kanyaho) ari pangna disebut bibit kanyaho, sabab: ku ahli ngaji rasa geus ditetepkeun ku kayakinannana, yen Raos teh jadi bibitna pangawasa pancadria, katerangannana kieu: mun euweuh Raos di badan urang, urang teh anu moal bisa ngambeu rupa-rupa ambeuan, mohal bisa nenjo rupa-rupa tetenjoan, mohal bisa ngomongkeun rupa-rupa omongan, jeung mohal bisa eling kana rupa-rupana elingan ….malah lamun ku maneh kaharti, Raos teh nya-eta “Aji Dipa” (elmu papak) buktina nya kieu :

          Raja tuang gula ngarasa amis !
          Pangarit dahar gula oge ngarasa amis !
          Raja ningali gajah !
          Pangarit oge nenjo gajah !
          Raja ngangseu nu seungit !
          Pangarit oge ngambeu nu seungit !
          Raja ngarungu anu ceurik !
          Pangarit oge ngadenge nu ceurik !
          Raja sasauran !
          Pangarit oge ngomong !
          Raja emut !
          Pangarit oge kudu inget !
Sakur nu nyaho kana Aji Dipa tangtu ngarti kana maksudna kaayaan nu gumelar, da tadi kapan geus bisa ngaraos (maraca) huruping dunya, nu dijadikeun ku Nu Maha Suci :

Sugan moal ngalangkahan pager, da pager teh aya maksudna …..nya-eta “wates”.
Sugan moal nyokot seuneu, lamun maneh butuh kutiis !
Sugan moal nyebut percaya, lamun maneh acan ngarasa !
Sugan moal milampah kalakuan anu goreng, da goreng teh temahna matak cilaka !
Sugan moal ngahina (nganyerikeun) ka sasama mahluk, da nyaho tunggal sa-Gusti!
Sugan moal nguntap ka karuhun, da urang lantaran asal gumelar teh ti anjeuna !
Sugan moal arek (boga maksud) ngaruksak sakur kaayaan nu dijadikeun ku Pangeran, moal rek nyieun teu ngeunahna rasa-rasana mahluk Pangeran, saperti 7 rupa nu dilarang ku Karuhun :

1.     Madat    = nu aya matak ngaruksak badan jeung pikiran
2.     Maen     = nu aya matak ngaruksak rumah tangga
3.     Madon   = ngumbar shwat, nu temahna matak ngaruksak turunan
4.     Minum  = nu aya matak teu eling
5.     Maling   = nu matak ceda di dunya
6.     Mangani = ngarah-ngarinah, nipu ka pada kawula, euweuh deui kabisa ngan ngabeja-bejakeun “cenah” nyaritakeun nu teu wujud tur teu karasaeun ku batur, karana nu kitu panutupna jadi :
7.     Mateni = maehan rasa pribadi, euweuh kahayang, leungit budi jeung pangerti hirup alah-baian munding, karesepna ditutungtun, lolong sagalagalana, disebut hirup da paeh, disebut paeh da hirup, nya nu kitu nu ilahar disebutna “bangke hirup” bau kalakuannana, ari awak direreka, didangdanan ngarah jiga, mun kurang pek disetripan, estu ngabobodo dewek, marukana  ari Anu Maha Suci butuh ka pakean lahir, butuh ku basa carita, teu nyahoeun yen sakabeh nu dumadi, wujud katut rasana teh eta dijadikeun ku anjeun-Na.

Da ari kayakinan karuhun mah kieu :

Nu Maha suci teh “lain” syareat (lahir) tapi anu nyareatkeun (ngalahirkeun)!
                        “Lain” tarekat (gerak) tapi anu narekatkeun (ngagerakeun)!
                        “Lain” hakikat (rasa) tapi nu nga-hakekatkeun (ngaraoskeun)!
                        “Lain” marifat (eces) tapi anu nga-ma’rifatkeun (nga-eceskeun)!

jadi jigana karuhun mah moal percayaeun lamun ku urang : Gusti Nu Maha Suci disebut “linggih dina kursi gading” …….tapi sakituna omat ari kanu sejen mah ulah nyarita kitu bisi ditarimana lain ku harti, engke bisa jadi anu kitu sok ngambek teu puguh-puguh, sabab gampang pisan kaasupanana setan, ngaku-ngaku sabillulah, padahal mah pinuh ku napsu goreng nu ngaranjing, kadang2 ka maneh wani “mateni’ , ari manehna mah da geus puguh tadi oge geus disebut bangke hirup, paeh rasa kamanusaan, ngahirupkeun ka setanan, Adamna geus lali tapel, poho ka bangsa jeung basa, kasurupan ku nu sejen, ana ngomong teu kaharti, lir upama Satria ka siku ku Dewa geus ngajadi Buta Gede nya tuluyna jadi murka.

Jadi ringkesna “Aji Dipa” teh, ngandung harti yen Elmu Karuhun Nusa Jawa ti baheula tug ka kiwari henteu rek hianat jeung teu rek ngabedakeun ka sakabeh Kamurahan jeung Ka-asihannana Nu Maha suci, ngaraos ngaraji nepi karasana pisan ku sorangan…..Raosna estu taya geusan ngalahirkeunnana, sabab moal nepi ku carita, ana ku urang kasurti, tangtu urang bisa ngaku kalawan yakin yen “enyana” KALAM Nu Maha Suci teh “ECES” henteu cenah deui……Saperti kieu bae, cacakan diri nu sagir (leutik), upama panon jeung awasna, ana nuduhkeun ka Isun, estu kalawan nyatana, nuduh kanu beureum, koneng, bodas reujeung hideung, gede leutik, panjang ponduk reujeung sajaba ti eta, tara jeung pokna ku lisan, tapi estu wujud pisan eces lain beja deui. Nya kitu tuduh ti Rosul estu puguh Rasa wungkul, nu teu make ucap deui, saperti: Rasa urang nu nuduhkeun amisna gula, haseumna cuka atawa panasna seuneu, estu reujeung ka-rasana.

Lamun mahluk teh enyaan, enggon-enggoning ngaku kamanusaan, anu tangtu dunyana tengtrem, nya kitu mun sarerea, dunya gede ge geus tengtrem (verde op aarde) ?

Mun “hirup’ boga pamilih, nyaho nu bau jeung nu seungit.
Mun “dengena” geus dipake (nurut kana parentah ti kalamulah).
Mun “nenjo” jeung tingalina (nyaho)
Mun “ngucap” jeung prakna digawe.
Mun “eling” jeung ingetan (sakabeh lampah nu geus karasa matak cilaka poma            ulah dilampahkeun deui, jieun conto).

Mun “Suci” enggeus nyareat, di donya moal aya kasangsaraan, jeung sasama tangtu repeh-rapih, hirup moal kakauman (rasis); tapi lain lobanu nggeus ngaku-ngakuna jadi ahli sareat? puguh ari anu ngaku mah loba, tapi ngakuna teh kakara semet ngaku wungkul, nu dipake agul teh kakara tepi kana migawe aturan beja, cenah ti jelema keneh, sakaumna-sakaumna. Buktina panon jeung awasna geus nuduhkeun ka nu sangsara, tapi kakara semet nenjo ari taringalina mah loba keneh anu acan, sabab mun tingali mah meureun nggeus prak nyareatkeun naon-naon nu dituduhkeun ku Rasulna, lolobana mah ana boga bahan anggur hayoh nyarieun adegan anyar, tihangna lain agama, tapi ku kai jeung awi, marukana ari adegan Pangeran teh eta, teu tingali adegan Nu Maha Suci mah, meh raruksak, kalahiran jeung kabatinnana ku manehna di karajeunkeun.

Mun “Suci” enggeus narekat, meureun ahli juru pitutur teh geus rarukun, pada aringet ka dulur, jeung sasama pada daek rukun, ihtiar jadi Wiji, nu goreng pek dihadean sarta moal sabalikna, si jahil dibere jalan, narekabna nu bener ge dijahilan, atuh nu tangtu nu bener ge laun-laun jadi kasurupan, ngomong jeung lampahna oge jadi beda, beda jeung adatna tadi nya tuluyna ceuk nu teu nyaho mah osok disarebut kawas nu ngaco.

Mun “Suci” hakekatna enggeus karasa nu tangtu loba kanyaho, nyaho estu lain beja, moal cenah deui cenah deui ….

Marifatna, da puguh geus “nganyahokeun”, nyaksian jeung nekadkeunnana, yen euweuh deui Pangeran anging Anu Maha Suci jeung Rasululah teh eta “Utusannana”…..

Mun mahluk geus baroga rasa (Sahadat), dunya tangtu beresna, tapi lamun kakara semet omong keneh mah, bukti geus rebuan taun kalah beuki kusut, bukti nu mawa omongannana oge carang langka anu bener, lolobana mah wungkul beuki ngariruhan, ngaradon nepa-nepakeun jahilna, elmuna kawas elmu sihir bisa sulap malikeun mata jelema, buktina loba jalma jadi poho, poho ka rupa jelema, sumawonna ka baraya, ka dulur ge rek ngagempur, ngan sirikna teu ngadukeun hulu bae, ka Karuhun wani nguntab teu boga rasa rumasa, marukana manehna asal ti mana. Tahayul dijieun angkeuhan, maca ieu maca itu, marukanna padu ngomong geus bisa meunang ganjaran.

Coba lamun geus “Nyembah Hyang”, ngariblat (taringali) kana sakur nu dumadi pada ngarti pada surti, yen kabeh anu gumelar estu ka-Agungan Nu Maha Suci, meureun mahluk moal arek kumawani, kumalancang, ngagogoreng jeung ngaruksak kana ka-Agungan Pangeran, waktu lima dipilampah:

1.     Waktu hirup daek ngawijudkeun hade.
2.     Waktu ngadenge daek ngadenge nu Wujud.
3.     Waktu nenjo daek nenjo ka nu wujud.
4.     Waktu ngomong daek ngomongkeun nu wujud.
5.     Waktu eling salawasna daek inget ka nu wujud …….

Takbirna moal ngalahir, ngagedekeun karumasaan, Rasa dijieun panutan, Tobatna ulah rek deui-deui milampah jalan nu salah, lamun bisa ngalampahkeun kitu.

TEU WUDU : Pakean baresih (laku lampah sing hade), bersih sungut (ucap sing hade), bersih ceuli (denge sing hade), beresih panon (awas sing hade) beresih irung (sing seungit), beresih leungeun (leungeun sing hade, ulah hayang nyokot nu batur, komo mun dipake teuteunggeul mah), beresih suku (sing bener aya laku lampah), mun dipigawe buahna tangtu karasa, melak hade tangtu buahna ge hade, mun hade tangtu salamet, mun salamet tangtu Raos, Raosna ti Rasululah…

Mun ngarasa beungeut perong, urut dipolas poles, sibeungeutan masing beresih, paribasa ulah kandel kulit beungeut, masing boga kaera, ulah ngan resep ditungtun, baleg lamun enggeus harti……
Kacaduwan ti Karuhun omat ulah dipigawe, sakur nu aya matakna, nyilakakeun kana diri, rumah tangga kitu deui, bangsa katut lemah cai, ulah sarue jeung domba, matak rugi harta harti, di dunya pada ngahina….

Kapamalian ge kitu, tata jeung basa pek pake, ulah rek ngarasa hina make kaboga pribadi, gening tata basa deungeun, diparuja-paruji, dipujana disusuhun, dipuji dipandang suci, loba tingkah anu owah, owah sagala-galana, ka kolot bet jadi wani, ka Karuhun sumawona, sajarah dewek mah lapur teu cara sajarah batur, dipake agul adigung, diomongkeun unggal lembur, caritana mikat batur, teu harti basa Karuhun, nya-eta luluhur urang. Buhun hartina baheula nu jadi bibitna urang, mun poho kadinya, geus tangtu basa jeung bangsa, turun moal aya harga, urang na oge nya kitu, ka dieu geus ngalainkeun, siga jalma nu teu puguh, teu puguh mana bapana, naon pingaraneunnana ….tah sakitu hartina pamali, bisi maneh acan terang …….
Sakulah lain sabalong, tapi sing sakulah-sakolih jeung sasama mahluk Pangeran guna migawe nu bener, ari contona kapan geus nyata, sakabeh anu dumadi, nu dijadikeun ku Nu Maha Suci estu sakulah-sakolih, da lamun nu dumadi henteu sakulah-sakolih, dunya teh moal bener, seneu, cai, angin jeung bumi katut jeung hawa-hawana geus mere conto ka munusa sangkan daraekeun rukun, diri maneh oge dunya anu leutik, kapan sakitu rukunna :”Sa-adatna” ari manusa mah tangtu ngarti yen kuduna boga rasa. Waktu limana ngawujudkeun kalamna Pangeran nu make lantaran ku pancadria. Tulung-tinulungannana ku maneh mereun karasa ti leutik nepi ka gede, ti budak nepi ka kolot, ana boga karep, Wujud jeung Rasa nu di maneh nu migawe sarta oge nu nyumponan kahayang maneh, Ngaji rasana sing sacara nu di badan maneh, gening lamun maneh kapireupeunan leungeun maneh teu dititah deui geus buru-buru nulungan (ngarontok) ka nu keur manggih kacilakaan, mun eusi dunya pek kitu, nurutan sacara dirina, meureun kabeh Munggah jadi Hiji, ngahiji di Adegan Pangeran, nu pinuh ku raos wungkul. Turutan atuh diri maneh teh, da eta guru maneh nu mursid teh, da luareun diri mah ngan sakadar pa-guron, jeung eta mah ngan sakadar sasama hirup, nu pada gumelar di alam pawenangan, aya carios Karuhun nu kieu: “Lamun teu nyaho ka diri, tuluyna rajeun kasasar, lain kasasar karampa, tapi sasab, utrak-atrok neangan Suci kaluar, teu nyahoeun nu Suci mah nya-eta Nu Neangan nana, tuluyna tuturut munding, wani nuduh ka nu lain-lain, majarkeun : Pangeran teh nu linggih dina korsi gading. Nuduh Rasul ka jelema, kitabna jieun jelema, Malaikatna jangjangan, Takdirna diukir-ukir, Kiamatna jaga-engke, teu kaharti, teu ka surti, ti budak nepi ka kolot, kulit seger jadi peot, huntu pageuh jadi lemong, umurna terus mondokan , nyungsi deukeut ka kiamat, dunya leutik teu ka timu, sok komo dunya nu gede, bongan teu ngujur ka kujur , teu ngimbangan kaawakan ngancokeun jaganing engke, ka-Rohmanan ka-rohiman ti Pangeran teu karasa, teu nyahoeun Rohman-Rohim teh Nu Suci, suci ti Nu Maha Suci. Ngan palebah dieu jadi teteguhan, mun kapanggih jadi nyaho, mun nyaho nya jadi harti, mun harti boga pamilih: Jawana, “Adohe tanpo wangenan”, ceuk Sundana Jauh taya geusan ngukurna bedana Gusti jeung Kawula, sabab Nu Suci mah nu dijadikeun ku Nu Maha Suci, jauhna lir upama Gula jeung Amis, ari Gula mah wujudna jeung ari Amisna mah Rasana……

                   Kabeh ge Wujud Anjeunna
                   Kabeh ge Raos Anjeunna
                   Kabeh ge Kitab Anjeunna
                   Kabeh ge Tekad Anjeunna
                   Kabeh ge Takdir Anjeunna
                   Kabeh ge Kiamatna ku Anjeunna

Nyata Wujud tur Agungna, sabab wujud nu gumelar katut karasa-rasana estu nyata ka-Agungan naNa…….

Atuh ari percaya teh ulah kana “cenah” , bisi moal ajeg, ana teu ajeg baroraah arek Iman……Ari percaya kudu ka nu wujud jeung rasana, saperti nyaho kana gula jeung amisna, lamun nyebut gula pajar haseum, eta ngarana bohong ana bohong eta ngarana owah, bakating ku mindeng owah tuluyna jadi teu eling, ana teu eling jadi poho, ana poho ka Karuhun ge wani, ana wani ka karuhun ka guru oge teu nurut, ana teu nurut ka guru, ka ratu ge nyieun wani, ana wani ka Ratu, ka Pangeran oge nyieun cara kaulinan.

Palebah dieu mama ngingetan : Ulah arek wani-wani moyok ka sasami mahluk sabab kabeh dijadikeun ku Anjeunna, jadi lamun maneh moyok, eta ngandung harti “lain” moyok kana dadamelan nana bae, tapi sarua jeung moyok ka Nu ngadamelna, komo lamun wani nyebut “kupur, kupar, kapir” ka batur eta mah estu eces yen manehna ‘anu murtad”…… sabab Nu Suci mah sok Rukun, Ngiblatna kana Adegan nana Pangeran, Tulung-tinulungan, Rumasa, Ngarasa Sa-Wujud (ana Rukun = Islam…..ana Islam = Rukun)………Iman lain kana beja tapi ka Nu Wujud jeung Karasa, nyebut gula ka wujudna nyebut amis ka rasana….

Ari alifna alif nu lempeng, bener cara ti Loh-mahfud, mujina ku geus ka aji, yen enyana sadaya puji teh ka-Agungan Gusti, lahirna tara hayang kapuji, sumawon dilagu lagu, hayang kadenge ku batur, sieun leungit pamujina.

Welas asihna ka sasama mahluk cara ka diri pribadi, tara sok ngawilah-wilah, da geus nyaho yen Gusti teh welas tur asihna estu ka sakabeh anu dumadi, lir upama ka nyaahna dalang kana golek nu sakotak, ti Cepot nepi Ratuna pisan estu sarua bae, ka panayagan, gamelan katut laguna, henteu meunang aya nu salah, sabab lamun salah goong bae, aya matak ngarobahkeun kana lagu ……

Nya kitu laguna Kamanusaan lamun salah eta matak teu ngeunah, henteu genah ka nu ngajamanan, ngarasa yen hirup henteu ngalagu. Raosna henteu kapanggih, ka Wujudna henteu eling, Kalam weleh henteu katimu, tuluyna atrok-atrokan, lagu deungeun ditariru, ngagolek maen rebana, susah ngadalangan nana, paling surup kana igel (parigelna) buta hejo resep ngudag-ngudag beja, ngungkab2 bangsa cenah….. Kumaha lamun kapanggih ku tukang jahilna tuluy na budi dipake nukeuran harti, harti soteh lain harti nyaho, tapi harti jahil, nu pangartina ngan ngarah, nya tungtungna budi urang teh meakeun lahir, beak sawah beak imah, beak ka basa-basana, ana diganti ku harti batur ti si tukang caritanah (cenah) bukti loba nu jadi ngaco, ngomongna jadi teu puguh, ngadak-ngadak kasurupan, ganti adat ganti sipat, adat nu ti luluhurna oge ku manehna rek di robah, marukana ari adat teh lain ti Kodrat, ibarat manusa rek dijieun anjing, asal moal bisa jadi najan haben dipulasara, didangdanan, diganti ngaran jeung ngomong, nu nyaho mah tangtu nyebut si eta asal-usulna, lir upama bangsa Emas, ayeuna dijadikeun Ali, ceuk nu nyaho tangtu nyebut Ali Emas, emas keneh, emas keneh, sanajan dijieun tasbeh atawana emas kawin, emasna teu leungit-leungit………

Dina suluk wawacan “Prabu Angling Dharma”, nu ngagaduhan Aji Dipa teh Anjeunna …..: ari hartina Prabu teh nya-eta Ratu Rat = Jagat, Tu = Tuduh……Angling (angelingaken) = ngelingan ku kanyataan nana, awas, rungu, angseu jeung ngandikana estu aya di Anjeunna….Dharma = Laku nu utama (hade….Aji Dipa nu di pupundi, ari hartina Aji Dipa nya-eta Elmu papak (Ratu ngaraos uyah teh asin, pangarit oge nya kitu). Naon nu papak teh?.........RAOSNA.. Saha nu teu butuh ku Raos?...Panutupna mah, nya kudu nyaho jeung ngarti “HURUF” nu gumelar nu asal ti Loh Mahfud, maksud-maksudna nu dijadikeun ku Pangeran….Saha nu bisa nerangkeun Aji-Dipa ku carita? Bisa nerangkeun haseum ku carita? Naha beunang ku peupeureundeuyan?

Cagap atuh seuneu teh, letak atuh cuka teh, geura panggih “Ajina…..Ari dharma nu utama, nya-eta maneh masingna sabar, leukeun ngolahkeun diri, reujeung ngamumulena, ulah cara nu pohoan, inget teh ngan, kumaha sawah, kumaha duwit, kumaha kabogoh, kumaha-kumaha, uteuk jeung hate dipake gudang kumaha, tapi ari ngumaha mah tara, rajeun ngumaha make nanya batur, teu inget ka Nu ngumaha, usik malik teu ngarasa, inget teh ngan kana palu, teu malire kana leungeunna, keris dipanjang punjung teu curiga ka Nu ngajunjung, cing atuh KUMAHA SUCI? naha bisa digawe lamun lain kumaha nu suci? bisa ngangkat palu lamun leungeun teu mangangkatkeun? Bisa hasil maksud lamun ngan ngomong bae di pangkeng? Tangtu diri maneh oge ngajawab bari godeg, najan teu ngomong oge tangtu kaharti, godeg teh nya-eta hartina: gaib –heran – aneh…….

Maneh nyebut Pangeran teh Allah, diri ge tuluy ngaenyakeun, nyaksi ku unggeuk, nu hartina = enya, enya,enya …..ari kaharti naha rek tuluy bae kitu, atawa rek nojod nepi ka teu elingna? Kade bisi teu eling pisan nepi ka wani nyebut Pangeran ka nu teu Wujud (nga enya keun ka nu lain, nga lain keun ka nu enya)…..Suwung nu dituju, tungtungna pok bae ngomong: “duka teuing ka dituna mah, kumaha Pangeran bae”, nepi ka kituna kapan ari bakating ku teu kapanggih mah….Jeung maneh masingna sabar, leukeun ngolahkeun desa katut pangeusina supaya salamet, ulah cawadeun Pangagung……Tawekalna mun manggih cocoba, nu moyok cara satria geura anggap nasehat, mun kawas buta anggap mamala, mun dipuji komo kudu ati-ati…………Sunda disarebut sundek, ulah dipake nyeri ati, da enya Sunda mah sundek, sundekna ku henteu bisa, teu rumasa ieu aing, usik malik ngarasa ku Maha Suci jauh tina kumaha duit, kumaha anu kumaha itu, sabab geus karasa, ngumaha ka dunya teh loba nu kasurupan ku si beureum jadi gede ambek, kusi koneng jadi lieur, ku si bodas jadi sedih, ku si hideung nepi ka paeh rasa-rasana cindekna mah teu eling bae, ana teu eling? Kumaha?...

Allah tobat, naha tobat ka Allah? Nya tuluyna sakitu geus cukup pasihan ti Pangeran, make hayoh marenta duwit, marenta awewe geulis menta emas jeung inten…..Jadi enya gaib ari dadamelan Pangeran mah geuning……

Nu lolong rasana, rajeun leumpang ari ditungtun ku batur………….Nu torek rasana, rajeun ngalieuk ari ditowel ku batur……Nu rasana geus teu ngambeu, estu teu boga pamilih si jahil disebut Suci (seungit), ari Karuhun nu di pikaseungit ku sarerea, wawangina nyebar ka sakuliah dunya, jelema katut kebudayaan nana estu pikabitaeun batur, disebut bau, komo nepi ka aya nu nyebut onbeschaafd (teu boga kasopanan sagala)……Nu pireu rasana, rajeun ngomong ari dipapatahan ku batur, ana bisa saeutik-eutikeun ka bapa oge make basa ti batur, nya tuluyna ka Pangeran oge make ngomong ku basa ti jelema anyar, tatanya kitu keneh, ngadak-ngadak nganyar-nganyari, tata basa nu sorangan kalindih ku nu kumaki, kawas jalma nu teu puguh wewedalan nana poho  ka geusan ngajadi, ngaku ka karuhun batur, nu sorangan dilainkeun jeg budak euweuh bapaan, naon pingaraneun nana?

Tah  kapan nepi ka kitu ari jelema nu geus owah, owah sagala-galana, ana tuluh beuki maceuh, pager batur ge dirumpak, ana dibere nginjeum  sok tara daek mulangkeun, ka indung bapa teu eling, karuhun direken sigung, ka Pangeran oge wani, majarkeun nyieun  perjangji, ka Pangeran carita hartina tembang, didituna mah ngalagu, dedengekan di tabeuhan, geus peurih beuteung dalahar, kadaharan rupa-rupa, kadaharan beunang milih, nu loba nguwatkeun sahwat, ngudag-ngudag pangabogoh sifat cinta ampir leungit, tuluyna ngajadi kejem, ka pibaraya teu ditoleh, aragulna ti ayeuna, sawarga enggeus diaku, malah ngaku bisa mawa batur.

Lantaran kabita ku caritana, bukti loba jelema nu katipu, lain ngan dunyana wungkul, tapi aya kajadian anu ngahajatan anakna parawan ka aki-aki, nya tuluyna loba jalma nu teu puguh, rumah tangga karusut, di kampung jadi baringung, desa taya komarana…… ku ayana anu kitu loba jalma kabogana ampir beak, jeung baraya henteu campur, laun-laun henteu akur, teu daraek merlukeun parentah jeung kapentingan Nagara henteu cara ka si Jahil, imah sawah ge dijuwal, anjuk hutang dibelaan….

Nu matak ama talatah ka anak ama di ditu, ka Kolot omat masingna koloteun ka ki Amil sing jongjon getol amalna, Ki Katir nu ngabantuan, Ki Kulisi pangjagakeun nu balener, bisi si Jahil ka lembur, talingakeun bisi ngarah jeung ngarinah, nu temahna aya matak ngaruntagkeun desa katut pangeusina……ari ka RAHAYAT mah eta kumaha maneh bae, sabab maneh nu jadi LULUGU….

Isun : Dongeng Aji-Dipa ku sim-abdi katampi, mung sajabana ti sim-abdi ngagem eta aji, naon pameserna supados sim-abdi  kiat sareng tiasa pinanggih sareng hasilna? ……Oge ka payun upami mama aya waktos mugi ulah henteu kersa nambihan deui katerangan anu berguna, manawi sim-abdi diparengkeun tiasa melakkeun binih-binih ka saean ka nu sanes.

Pandita : Ari pikeun mama mah anu tangtu satungtung masih diayakeun umur sarta bisa keneh cumarita moal weleh nya nganasehatan ka maneh, ari sababna teu aya lian sugan maneh ka hareup bisa migawe eta nasehat ku prak-na, dimana sok diprak-keun anu tangtu aya kajadian nana, eta kajadian geus moal salah deui, lamun melak goreng buahna tangtu goreng, sarta sabalikna lamun melak hade tangtu buahna hade deui.

Isoen : Sanes mama, sateu-acanna sim abdi wangsul aya anu bade ditaroskeun ka mama, kitu oge upami karujukan …….sareng upami tiasa diterangkeun ku lisan nya-eta :
                   Naon ari hartosna Nur Allah?
                   Naon ari hartosna Nur Muhammad?
                   Naon ari hartosna Nur Cahya?

Pandita : Ieu pertanyaan maneh ku mama dijawab, tapi lamun salah ku maneh geura salahkeun, ari sababna maneh oge tangtu nyaho kana KECAP Allah, eta teh basa Arab, ari di Sunda keun nya-eta Nu Maha Suci tea……ari NOER di Sunda keun ku mama mah eta hartina: TERANG atawa NYAHO, jadi lamun maneh geus ngaharti mah kana Aji Dipa anu geus diterangkeun tadi, sok moal salah deui maneh teh tangtu nyaho NAON arti Allah teh? lamun geus nyaho, lamun geus nyaksian lamun geus nekad keun yen euweuh deui Pangeran anging Allah (La illaha illalah) tah eta teh NUR Allah….

Ari Nur Muhammad … Nur = Nyaho = Nyaksian = Nekadkeun
                        Muhammad = Utusan Allah = Kekasih Allah.

Ari Muhammad teh Manusa nu migawe kamanusaan.

Ari Muhammad teh Wali nu migawe kawalian nana……
                        (sok nulung ka nu butuh, sok nalang ka nu susah, sok nuduhkeun ka
                      nu teu nyaho, nganteur ka nu keueung).

Ari Muhammad teh Nabi nu migawe kanabian nana…… 
                       (ari mere terang sok eces/wujud tara make cenah, cara panca dria ka
                    urang, tara bohong)
Ari Muhammad teh Rasul, nu migawe karasulan nana ……
                        (ari mere terang sok jeung karasana oge lain cenah, cara rasa nu di
                       urang, asin nya asin, amis nya amis, jeung satuluyna)

Anu matak lamun maneh geus harti atuh sing boga “budi”.

Ari Nur Cahya ….Nur = Nyaho = Nyaksian = Cahya = Beureum – Koneng – Bodas – Hideung.

Nu adatna Panas, nu sipatna Beureum, eta enggon nana “seuneu” , nafsuna “amarah”  = ka-Hewanan

Nu adatna Ngahiliwir, nu sipatna Koneng, eta ngaran nana “angin” nafsuna “luamah” = Ka-dunyaan.

Nu adatna Ti’is nu sipatna Bodas, eta ngaranna “Cai”, nafsuna “sawiah” = ka-Robanan.

Nu adatna Tetep, nu sipatna hideung, eta ngarana “bumi” nafsuna “mutmainah” = ka- …..?
Lamun Mutmainah kaeusian ku anu tilu nafsu anu di luhur sarta leuwih ti mistina (teuing) eta ngaranna ka-Setanan.

Ayena mah kieu bae heulaan nan, lantaran kahiji waktu geus akir teuing, dongeng mah sok piraku rek ngadongeng bae, bisi maneh fa’na teuing kana dongeng geus bae engke deui resep kanu ngadongeng, sedeng nasihat kumaneh teu dilampahkeun, eta matak ngabubadirkeun waktu, ieu carita ku mama rek diringkeskeu bae :

Lamun maneh geus terang (Nur) = tangtu maneh Nyaho Nyaksi jeung Nekadkeun nana Mangeran ka Allah ku milampah pagawean nu Wujud-na hade sarta berguna keur sarerea!!! Geura tembongkeun Cinta, sacara Allah ka Mahlukna!!! Sacara Bapa ka Anakna!!! Geura pandang sakabeh Mahluk sacara ka diri na pribadi!!! Da nyaho Pangeran teh Welas jeung Asihna estu teu ngawilah-wilah!!!

Mun geus terang yen KN Muhammad teh Utusan Allah.

Mun geus terang ka :
KN Muhammad teh Manusa nu bisa migawe ka-Manusaan nana.
KN Muhammad teh Wali nu bisa migawe ka-Walian nana.
KN Muhammad teh Nabi nu bisa migawe ka-Nabian nana
KN Muhammad teh Rasul nu bisa migawe ka-Rasulan nana.
                              Sok berbudi atuh ! ! !


Nur Cahya :
Ulah leuwing teuing jeung ulah kurang teuing make seuneu, angin, cai jeung bumi ….sabab lamun kurang maneh tangtu pinanggih jeung gering (teu cageur …..) Nya nu kitu lamun leuwih teuing, bisi nafsu maneh kaleuwihan teuing, ana kaleuwihan tuluyna sok : ka-Hewanan =GU-magah, ka-Dunyan = GU-minding, ka-Robanan = GU-masep (gu-meulis) tuluyna sieun ku barang paeh, mi-Allah ka barang paeh, manutan ka barang paeh, Nu sok ruksak di pi-iman, bangsa bohong digedekeun, hirup pinuh ku pangalamunan ana tarik teuing ngalamun nya sok rajeun ka surupan, poho ka diri pribadi, boro raah ka Pangeran, lali basa lali bangsa, lali sa-gala-galana, tah nu kitu disebutna ka-Setanan.
,,,,,,,,Sing harti atuh ! ! !

Di-imah ku mama ieu dibere pagawean geusan pikiraneun, engke ari kadieu deui ku mama rek ditanya, sarta maneh kudu bisa nerangkeun nana, kieu : Di dunya ku ayana seuneu , cai, angin jeung bumi geus ngajadikeun ayana sri tatangkalan nu ngarandung sari ….. Tina cai bisa ngajadikeun ayana uyah rasana? …..Baheula Karuhun urang pang na teu pati susah cara urang ayeuna, sabab cek pamanggih  nu baheula nu bisa ngajadikeun raos teh nya-eta uyah lain bae sri, sanajan manusa oge ari teu uyahan mah ….? Ari urang ayeuna carang nu mikiran raos (rasa) tapi ka-lolobaan nana ngan susah ku mikiran deungeunna, enya kitu? Lamun ku maneh geus kaharti, maneh moal wani nyebutkeun yen Karuhun urang teh bodo, jeung moal boga rasa maneh leuwih pinter ti Karuhun maneh, naha ari raos teh ku sapedah loba deungeunna ?.....Geura pecakkan sari – rasa – tunggal  (satria satunggal) = hijikeun uyah jeung sangu tutug ngaranna, bisi aya anu acan  ngaraosan jeung nu acan nyahokeun maneh sing daek karana Allah pang-nutug-keun….ngelmu oge tutugkeun atuh, geura prak digawe, ari pameuli na mah, euweuh deui ngan diri maneh, titipan ti indung bapa geura mumule ……………
Geuning bareto kolot maneh  geus carita ka maneh hareupeun ama, mun teu salah kieu :
“ Isun “ mama jeung ibu sa-acanna ninggalkeun ka maneh, rek ngawaris barang anu pohara berguna keur maneh, sajabana ti pangarti ti sakola jeung ti pasantren, nya-eta mihape diri maneh sing salamet, karana lamun diri maneh teu salamet mah eusi dunya ku maneh moal karasa kani’matan nana komo sawargana jaga …Sakiitu
bae, ulah loba teuing dongeng, bisi poho deui, hartikeun bae heula, jeung meujeuhna urang netepan, da wajib urang manusa :

Netepan Kamanusaan !
Netepan Karahayatan !
Netepan Kapangkatan !

Nyatakeun jugjugeun urang …..Emas nu sigit (nu hade) masing kapanggih …..Jucungkeun tekad nu hade…..Ulah unggut kalinduan, ulah gedag ka-anginan, jati ulah kasilih ku junti, bisi cara tangkal Bungur, kacicingan ku mangandeuh, mang-puluh-puluh taun lilana, ana geus sidik kapanggih, bungurna ngan kari lunggul, henteu dahan henteu daun, nu ngajegir asalna mangandeuh tea, gede tangkal gede dahan, hieum ka daun-daunna, ngarana “Ki-Arah-Wana”. Waktu tadi bungur dipake kalangenan, ari ayeuna geus jadi kiara leuweung, pinuh ku jurig jeung iblis, nu sok ngaririwaan jeung ngageringkeun jelema, estu matak gila nenjo, beda adat, beda sifat, beda ka ngaran-ngaranna sidik lain bungur tadi …..

Ayeuna mah geus tepi ka waktu, meujeuhna geura heg balik, binih ti mama ayeuna bawa, pelakeun deui di ditu, ngan ulah luhureun batu, bisi binih henteu jadi, ngan kade bisina linglung, ulah poho tapak tadi, ku mama di du’akeun, sing salamet diri, rumah tangga katut saeusining desa, ginanjar salawasna, ku Pangeran Nu Kuasa..
Mun patepung urang jaga, sugan pa-amprok papanggih, Nu Raos urang dongengkeun, pituduh di ka Wujudkeun….

“Aji-Dipa” rasa batur jeung urang sing pada “Raos”n-na.

Kumambang Lampah Isun

Eling-eling mungguh nu hirup di lahir,
henteu meunang pisan
jahil, dengki, nganyenyeri
ka sasama mahluk Tuhan

Tekad, lampah, boh ku ucap oge sami,
sareng sawangsulna,
mungguh sarat nu utami,
kedah murah buka tangan.

Kitu deui resep nulung nu prihatin,
mideudeuh nu susah,
eta Dharma nu sajati,
saratna kamusaan.

Aji-Dipa sanes elmu bangsa junti,
tetes asli Jawa,
jawa teh hartina: “HARTI”
nyaho ka Purwa – Daksina …..






Gunem caturna
KARTA sareng WINATA

Karta : Kang …. ku jalaran dina waktos ieu rame jalmi2 anu nyarioskeun tina “agama”, ku margi eta abdi bade tumaros, naon ari hartosna agama teh?

Winata : Ari “agama”, kahartina ku akang mah eta teh: “patokan, angger-angger atawa ugeran” pikeun nyungsi kana jalan salamet.

Karta : Naha ari urang, bangsa Sunda (Jawa) ngagaduhan agama?

Winata : Ih atuh puguh, entong sariganing urang bangsa manusa (Sunda-Jawa) kapan tuh itu oge, eusina alam dunya, sato hewan, tatangkalan nepi ka pager-pager aya patokan nana saperti: nu weuteuh bakal bututna, nu pageuh aya longgerna , kembang ngajadi buah, reuneuh aya ngajuruna, jeung sajaba ti eta, jadi cindekna katerangan akang mah kabeh ge aya patokan nana.

Karta : Leres….. jadi kahartosna ku abdi ayeuna, agama teh patokan anu tetep, sapertos sakabeh anu aya mimitina, kedah bae aya panganggeusan nana.

Winata : Enya kitu …. ngan bae ari agama anu diterangkeun ku akang ayeuna mah ngandung maksud ngajawab kana pertanyaan rayi tina hal agama anu kudu dipigawe ku manusa, ulah rek disamakeun jeung agamana sato hewan, atawa tatangkalan, da eta mah pada boga patokan sewang-sewangan.

Karta : Kumaha atuh ari pikeun patokan urang manusa supados tiasa salamet teh?

Winata : Keur waktu di dunya, euweuh deui nu jadi patokan akang mah :

Badan      kudu cageur
Adat        kudu bageur
Kanyaho  kudu bener
Akang-na kudu pinter

Karta : Ngarah naon pangna urang kudu mageuhan : Agama, patokan atawa angger-angger teh?

Winata : Kahartina ku akang, lamun badan urang cageur, kalakuan bageur, kanyaho bener sarta pinter eta teh matak salamet, sarta sabalikna, mohal jadi jelema nu gampang ditipu atawa jadi jelema mubadir.

Karta : Nu kumaha ari nu kasebut mubadir teh?

Winata : Ari nu kasebut mubadir ku akang mah nya-eta jelema nu euweuh gunana, keur mah teu cageur tambah teu bageur euweuh kanyaho katambah bodo, sok cul kana patokan sorangan ngudag-ngudag beja patokan anu ti batur (cenah), eta anu kitu anu kasasar (teu jeung kahartina) sok aya matak ngaruksak dunya katut pangeusina, jeung mun cara penyakit tea mah eta sabangsa jeung penyakit anu sok tepa (menular), sarta hese ditambaan nana.

Karta : Upami akang kersa sareng aya waktos, mugi ka abdi ayeuna mang dongengkeun sakedik-kedikkeun mah, tina hal asal usulna aya agama di urang.

Winata : Hade ….. tapi ngadongeng oge, ngan sakadar ngadongengkeun “a g a m a a k a n g”.

Karta : Sawion …. mung disuhunkeun anu kahartos ku akal pikiran abdi.

Winata : Atuh puguh, keur naon ngadongeng keun anu teu kaharti mah, da urang teh lain barudak, malah lamun aya kecap anu teu kaharti, kudu daek “nanya”, mun aya nu teu mufakat, kudu daek ngamufakat keun, ulah rek sagala enya bae, da lain munding ulah rek asa-asa; bisi kahareup aya pikir penasaran, atuh matak naon   datang ka imah atawa ngondang akang, ari rek ngabadami keun pi salameteun mah; da ari urusan agama mah euweuh nu matak teu kaharti jeung moal aya nu matak jadi pasea (rugi), ari anu aya matak pasea atawa nu aya matak nga renggang keun baraya mah eta lain urusan agama, tapi marebutkeun urusan nu henteu kaharti (neangan kauntungan sorangan).

Karta : Mangga, namung sae nah ti mimiti heula.

Winata : Kieu geura:

Badan urang asal lantaran ti indung (lain badan urang bae anu asal ti indung teh, tapi sakabeh badan anu nya’reat di alam mana bae eta aya asalna, indungna) taneuh tina bumi, napas tina angin, seuneu tina panon poe, cai ti laut).

Adat urang asal lantaran ti bapa (lain adat urang bae nu asal ti bapa teh, tapi sakabeh adat di alam mana bae eta aya asalna/bapana)

Kanyaho urang asal ti guru (guru nu tara sili bantah tara sili lainkeun, ti jaman kanjeng Nabi Adam tug nepi ka urang ayeuna, tenjo, denge, ambeu, ucap jeung ingetan estuning papak sarua).

Kuringna asal ti Gusti: anu matak lamun urang enggeus nyaho sarta rajeung geus nyaksina :

yen badan enya ti indung , sok piraku uarang teu nyaho ka indung ?
yen adat enya ti bapa, sok piraku uarang teu nyaho ka bapa ?

kanyaho enga ti guru, sok piraku sakitu ayeuna dianteur ku guru, di nyaho keun; mana gula mana amis; mana cuka mana haseum, jeung sajaba ti eta, masih keneh acan nyaho ka guruna ?

kuring enya ti Gustina, sok piraku urang can nyaho ka Gusti ?

ari Wujud anu aya, apan ieu badan urang
ari Wujud anu euweuh, apan ieu adat urang
ari Wujud anu gaib, apan ieu kanyaho urang,
ari Wujud anu teu aya dat-sipatna nu teu arah, teu enggon, kapan kuring tea.

Lamun urang geus ngaharti, tangtu urang bakal ngaku yen :

badan      urang sarerea teh sa’asal (saindung)
adat        urang sarerea teh sa’asal  (sabapa)
kanyaho  urang sarerea teh sa’asal (saguru)
kuringna urang sarerea teh sa’asal (sa-Gusti)

anu matak ceuk agama: urang kudu mandang ka diri batur sacara ka diri pribadi. Nya ari ringkesna katerangan akang mah, lamun rayi hayang migawe agama , geura prak bae :

Pikanyaah barang nu jolna ti indung (badan sing cageur, cukupan kaperluan nana, ulah disiksa, da eta teh sanes nu rayi, malah upami rayi enggeus tamat ngalakon di ieu dunya nu gede, kudu sing bisa mulangkeun kana asalna deui).

Pikanyaah barang nu jolna ti bapa (adat sing bageur ulah murka da tuang rama teh sanes buta).

Pikanyaah barang nu jolna ti guru (kanyaho sing bener, ulah ngagugulung cenah bae, da rayi teh enggeus baleg).

Pikanyaah barang ni Nu Maha Suci (kuringna/dewekna sing pinter).

Karta : Ari nu disebut pinter teh kumaha ?
.
Winata : Ari pinter teh, geus teu loba omong, nenjo ka nu labuh hudangkeun, nenjo ka nu aus bere nginum, lain bae ka badan batur, ka badan sorangan ge kudu kitu, sabab lamun rayi tara daek barang dahar reujeung nginum, tangtu rayi moal cageur, sarta lamun rayi henteu cageur tangtu rayi moal bisa bageur. Geuning jaman Karuhun mah, ku pinter-pinterna, samemeh ngala tah sok melak heula, acan aya nu ngaliwat (aus) sisi jalan geus disadiaan gentong cai jeung sajaba ti eta, sabab anu masih ngocoblak mah, eta kakarakasebut ngapalkeun, ari prakna mah duka teuing (kalobaan nana mah ngan wungkul popojok).

Pikeun migawena di rayi enggeus komplit, ngan tinggal ngagawekeun bae dibarengan ku hartina, saperti :

lamun rayi arek barang cokot, naha sok gegeroan ka leungeun? Kapan terang ari leungeun anu cageur mah kakara ku karentegna hate oge geus jung indit nyokot naon nu di pikarep ku rayi. Jeung ari leungeun anu bageur mah tara nyokot anu lain-lain, sarta leungeun anu nyaho mah geus tara nyalahan – tah eta nu kitu disebutna pinter rayi ! sarta sabalikna, anu ngagero keneh mah eta sidik yen masih keneh jauh (aya keneh antaraan nana), anu matak baheula mah aya sindir kieu :

Lodong nu kosong, ngalentrung ! ….

Tapi inget rayi, jaman ayeuna mah ulah kaget, mun teu loba omong sigana  moal aya nu mercaya (tapi kitu soteh ceuk nu hayang dipercaya !)

Karta : Sanes kang, eta cariosan akang anu bieu, naha ngabantun hukum ti mana? Sareng hukum teh aya sabaraha rupina?

Winata : Ari babaku nu dipake ku akang, upama nyaritakeun hal sareat hukumna kudu hukum sara, jeung anu jadi hakiman nya-eta kudu sare’at (sara) deui.

ari hartina hukum teh nya-eta putusan
ari hartina hakim nya-eta nu mutuskeun.

Ari sare’at (sakabeh anu gumelar) anu dijadikeun ku Nu Maha Suci ti baheula tug nepi ka kiwari estu tetep (netepan kana ka ayaanna), saperti : Baheula tangkal kalapa buahna kalapa, ayeuna oge tangkal kalapa teh buahna kalapa keneh.

Di Amerika tangkal apel buahna apel. Di Sumatra oge tangkal apel teh buahna apel keneh jeung sajaba ti eta, jadi ceuk akang mah sakabeh anu gumelar nu dijadikeun ku Nu Maha Suci mah ti baheula nepi ka kiwari beunang disebut bisa ngahukum (mutus) jeung ngahakiman nana (sara jeung hukum sarana teu papisah).

Hukum Adatna :

Ari adat (sakabeh adat nu gumelar) anu dijadikeun ku Nu Maha Suci ti baheula tug tepi ka kiwari, oge estu tetep (netepan kana ka-ayaan-nana). Saperti :

Baheula adatna gula teh amis.
Ayeuna oge gula teh amis bae.

Di Eropa adatna cuka teh haseum.
Di Jawa oge adatna cuka teh haseum bae jeung sajaba ti eta.

Jadi ceuk akang mah sakabeh adat nu dijadikeun ku Nu Maha Suci ti baheula nepi ka kiwari, beunang disebut bisa ngahukum (mutus) jeung ngahakiman nana (adat jeung hukum adatna teu papisah).

Hukum Akalna :

Sakabeh nu nyare’at katut adat-adatna, ku akalna nu berakal (boga kanyaho) ti baheula nya tug nepi ka kiwari geus di “ngaranan”, saperti aya ngaran seuneu jeung ngaran panas, aya ngaran cai jeung ngaran tiis, jeung sajaba ti eta, ari maksudna taya lian supaya nga-gampang-keun cumarita, geusan campur jeung nu sejen, nurutkeun basa kabangsaan nana, ari

Hukum Allahna:

Ti baheula nepi ka kiwari,
Saha nu nenjo gunung nya siga gunung.
Saha nu nyagap seuneu nya ngarasa panas.
Jadi lamun rayi geus nyaho ka eta 4 hukum, meureun rayi moal ngomong nu bakal teu kaharti di hareupeun akang, saperti:

moal nyebut kalapa buahna nangka,
moal nyebut ka cuka adatna amis,
moal jeruk dingaranan gedang, jeung
moal rek nyagap seuneu ayeuna ari panasna engke.

Cindekna rayi teh meureun moal wani ngabohong (ngawadul) ka akang, sumawon-na ka anu sejen, sabab ku rayi oge tangtu kaharti, geuning ngabohong ka anu sejen teh eta sarua bae jeung ngabohong ka diri rayi pribadi.

Tapi palebah dieu rayi sing harti anu dicarita-keun ku akang bieu teh “hukum sara“hukum adat” ‘hukum kala” jeung “hukumulah” nu dijadikeun ku Nu Maha Suci, nu ti baheula tug nepi ka kiwari estu teu aya robahna.

Karta : Naha aya deui hukum nu sanes ti eta ?

Winata : Atuh puguh aya mah, nya-eta hukum meunang nyieun jelema nu berakal, ari maksudna taya lian supaya jelema-jelema nu aya di dunya daek nurut kana aturan nu ditetepkeun ku jalema deui, sa kaum-kaum na , saperti :



Hukum Sarana

nu ditulis dina kertas
ditulisna ku mangsi
basana nurutkeun kabangsaan nana
dihakiman ku jelema
ayana di kaum-na

Hukum Adatna

nu ditulis dina kertas
ditulisna ku mangsi
basana nurutkeun kabangsaan nana
landrecht, landraad, justitie, jeung saterusna

Hukum Akalna

nu ditulis dina kertas
ditulisna ku mangsi
basana nurutkeun kabangsaan nana
dihakiman ku jelema, ayana di bangsa
tukang hukum akal deui

Hukumulohna

sabagian gede loba cenah
Cenah ti pada jelema
Cenah lamun urang maling
Cenah engke urang di akirat disiksa
Cenah lamun urang bageur,
Cenah engke di akirat urang diganjar.

Tah kieu katerangan hukum anu opat , ari maksudna mah taya lian mere nyaho kanu bodo (nu can nyaho ka dirina) da ari katerang akang lamun jelema geus : cageur awakna, bageur ka batur, bener kanyahona jeung geus pinter, geus nyaho kana hukum sara ti Gusti, geus nyaho kana hukum adat ti Gusti, geus nyaho kana hukum akal ti Gusti, jeung geus nyaho kana hukum Allah ti Gusti, sok piraku teu nyumponan kana hukum jieun jelema, sa-kaumna, sa-bangsana nurut adat ka-sopanan nana.

Karta : Dupi akang bade nurut kana aturan jieun jelema anu 4 bieu ?

Winata : Atuh puguh,……sakabeh jieun jelema anu lumbrah dipake  dina jaman ieu ku urang kudu dipake sabab lamun teu make, urang teh jiga kumaha? Tara-kadang bisa cilaka.

Karta : Cilaka kumaha ?

Winata : Saperti kieu bae, dina waktu ieu jelema di nu rame marake baju, bajuna jieun jelema, naha rayi arek wani buligir (teu dibaju) di nu loba jelema ?

Karta : Moal da ngaraos isin.

Winata : Era kusaha ?

Karta : Ku jelema.

Winata : Tah kitu rayi, anu matak ayeuna mah sakabeh jieun jelema ku rayi ulah rek dilain-lain , teu dipake dina waktuna make; sabalikna ari rayi keur nyorangan mah teu dibaju oge teu aya pi-kaeraeun, da diri mah tara ngera-ngera, ari era nu dipake ka-era ku diri mah ti dunya nepi ka akirat, nya-eta lamun urang ngalanggar kana agama tea. Di dunya urang teu cageur, tambah henteu bageur katilu teu boga akal, bodo alah batan bodo, nga enya-enya nu lain, nga-lain-lain nu enya; nu matak ari ceuk akang mah :

KAHIJI :

Ulah rek poho ka indung, sangkan badan urang cageur, karana ti alam manaoge moal aya anu ngaleuwihan kana kanyaahna indung ka anak, tapi dasar dunya geus ti balik ayeuna mah loba jelema nu geus ngaku tukang ngelmu tukang nyaritakeun lampah deungeun sing-rariungna teh euweuh deui ngan nyaritakeun jeung muji-muji bae deungeun nu teu aya hasil ka maranehna, ari indungna mah sigana geus kaluli-luli bae, malah loba nu ngarasa era (hina) boga indung bangsa urang Sunda (Jawa), malah mun bisa mah ngarana ge hayang make ngaran bangsa deungeun, teu ingetan waktu indungna ngakandung, salapan bulan lilana, nepi ka ngajuruna pisan, susah payah dilakonan nya-kitu enggeus di dunya, nyatu, nginum dihuapan disusuan, leutik nepi ka gede, ti hirup nepi ka paeh, kanyaah indung teu pegat.

KADUANA :

Ulah rek poho ka bapa, sangkan adat urang bageur, karana di alam mana oge moal aya anu ngaleuwihan kana ka-nyaahna bapa ka anak, tapi nya-eta atuh dasar loba pamanggih nu tibalik tea, jelema teh ngan muji-muji deungeun bae, nu estu teu aya pihasileun nana, leuheung lamun nyahona bener mah, da ari kalobaan nana ngan sa ukur beja wungkul, jeung mending lamun diturutan kahadean nana anu dicarita keun ku maranehan nana teh , da ari kalobaan nana ngan kakara tepi kana agulna wungkul, ku sapedah bisa maca, bisa ngomong make basa deungeun atawa bisa ngadongengkeun lampah deungeun tea, teu ingetan ka bapa anu sa kitu paeh posona, pagawean nu kumaha oge dilampahkeun  taya liyan ku-nyaahna kanu jadi anak, jadi cindekna ka-nyaahna bapa ka-anak ti hiru nepi kapaehna estu teu aya pisan anggeusna jeung estu taya pangarahan nanaanu matak rugi ka anak.

KATILUNA :

Ulah rek poho ka guru, sangkan kanyaho urang bener, sabab moal manggih guru nu leuwih pinter ti guru urang, nu nuduhkeun mana gede mana leutik, panjang pondok sumawonna, amis peuheur, beureum koneng, mana indung mana bapa,, dunya katut adatna, wujud nu aya nu euweuh, , alam gaib kitu deui, tapi nya-eta atuh dasar teu dasar, ayeuna mah nu dijieun guru teh babaku jelema nu JIGA, ngomongna jiga, pakean nana jiga, nu karesepna jiga jeung sagalana jiga.

Jadi urang mah bangsa Sunda atawa Jawa anu henteu jiga (da enya!!). Di jaman ayeuna mah geus euweuh nu nanya sumawonna aya nu mercaya, nu matak akang mere nyaho ka rayi upama arek ngelmu ulah waka rek ingkar ti diri rayi heula, kapan barangna ku akang tadi geus diterangkeun : badan ti indung, adat ti bapa, kanyaho ti guru jeung kuringna ti Gusti Nu Maha Suci.

Tapi lamun ayi hayang jadi tukang ngobrol, ngobrolkeun kaayaan dunya gede atawa hayang jadi tukang tembang ngalagukeun lagu-lagu dunya, ngarah jiga tea geura guguru bae ka jelema anu ayeuna, sabab jelema mah loba rupana, loba bangsana jeung loba karesepna, anu dipikaresep (di-pikabutuh) ku maranehna tangtu diparandangna “ALUS” , tapi lamun ku maranehna teu di-pikaresep  (teu dibutuhkeun) sok dipandang “GORENG”, ceuk jelema inten teh alus , ceuk hayam anu alus mah “sangu” , padahal anu dijadikeun ku Nu Maha Suci geus tetep hukum sarana suci sagala galana.

KAOPATNA ;

Ulah rek poho ka Gusti, sangkan urang pinter, di dunya moal sabaraha lilana, sing bisa : 

nyumponan badan sing cageur
nyumponan adat sing bageur
nyumponan kanyaho sing bener
nyumponan kuring sing pinter

Ari Gusti teh Nu Maha Suci bibitna sakabeh Nu Suci, ari Nu Suci teh nya-eta sakabeh  nu dijadikeun ku Nu Maha Suci.


Nu Maha Suci teh nu ngagaduhan sifat welas jeung asih (Rohman Rohim ?),
ari nu welas nu asih di alam badan nya ti indung
ari nu welas nu asih di alam adat nya bapa
ari nu welas nu asih di alam gaib nya guru
ari nu welas nu asih di alam kabeh nya Gusti Nu Maha Suci (Robil-Alamin?)

Nu matak ceuk akang mah saha2 anu ngalainkeun ka indungna, sarua jeung ngalainkeun ka lemah-caina.

anu ngalainkeun ka bapana sarua jeung hiji bangsa nu teu boga adat/teu boga kasopanan.

anu ngalainkeun ka guruna sarua jeung nu geus teu boga akal/sato !

anu ngalainkeun ka Gustina, sarua jeung penghianat /setan !

Nu matak rayi tina hukum jieun jelema oge rayi kudu nyaho hukum sara sa-kaumna, hukum adat sa-adatna, hukum akal sa-akalna, hukumuloh sa-Allahna, tapi lebah dieu, sang-geusna rayi nyaho jeung nyaksian, rayi omat ulah rek popojok, da dunya mah beda-beda, kaumna kitu keneh, kaum cuka mah haraseum, kaum kina parahit, kaum gula aramis, seuneu panas cai tiis, kabeh ge ngaraku bener, ngan benerna teu ngahiji, kahalangan ku sara-na, kahalangan ku adat-na, kahalangan ku bener-na, kahalangan ku pinter-na: ka-lolobaan-nana pinterna pinter sorangan, benerna hayang bener sorangan, adatna murka sorangan jeung sara-na siga-na teh bet hayang keur sa-sorangan-eun, nu matak alam ayeuna loba nu pa-unggul-unggul, unggul saur, unggul tincak, mun teu unggul boga rasa henteu luhur, padahal saur sepuh urang baheula mah ulah arek luhur saur, ulah arek luhur tincak, da anu rumasa luhur teh estu jalma pang-hina-na, ayeuna mah geus pageuhan bae patokan rayi sorangan, sabab baheula aya saur sepuh anu kira-kira kieu :

“Engke di jaman ahir, bakal loba jalma di dunya anu ngaraku ku ucapna geus SUCI, kanyahona ngan semet TEJA, tapi ari angkeuh asa pang-luhurna. Ari hartina teja teh nya-eta cahyana dunya (beureum, koneng, bodas, hideung jeung sajaba ti eta), pagawean nana ngan nyiksa diri sina teu cageur, ngajak-ngajak henteu bageur, sok ngaku bener sorangan ngalain-lain ka batur, ngaran Suci di dunya enggeus diaku, tah nu kitu ulah arek di-guru-an, bisi rayi badan jeung banda ruksak dipake tawajuh, jeung baraya patelak, benerna ngan be-beneran, pinterna nya kablinger, teu ngaraksa ka barang ti indung nu dititipkeun ka manehna, teu nyaho eun indungna mah nenjo anakna teu dahar atawa-na  henteu nginum teh sok tuluy ceurik, mun nenjo anakna gering, indung mah luas ngorbankeun nyawa asal boga anak cageur deui, anu dititah tirakat soteh manehna lain jas-na tapi ari ieu badan-na disiksa sina teu cageur teu dibere nyatu nginum, marukana ari badan teh manehna, anu dititah tirakat tea, hih lain, ari badan mah titipan ti indung, salilana manehna ngumbara di dunya gede nya make badan eta nu kakuatan nana numpang/make ti dunya nu gede, sarta lamun enggeus, atuh geus pulang keun deui ka-asalna, ari tirakat keur manehna nya-eta boga kanyaho teh geura pake, sing bisa ngajaga badanna ulah aya ka-kurangan-nana sangkan cageur, sing bisa ngajaga adatna ulah aya ka-kurangan-nana sangkan bageur! bisa ngurus badan jeung teu nyieun teu ngeunah ka batur, sakitu oge bener jeung pinter!

Tapi dasar dunya geus tepi ka dasarna, eta jelema nu kitu, ana nenjo ka jelema nu sok ngurus kana kasehatan badanna, make hayoh nyebut Fir’aun sagala (eta ku sapedah sok dahar jeung nginum?), kawas nyaho ka Fir’aon teh, naon ari Fir’aon teh? Kuhayang-hayangna dipercaya, make hayoh make basa nu teu kaharti ku urang, ngarah euweuh tuluyna, ari Fir’aon teh nya-eta jelema nu teu cageur tambah teu bageur, owah akalna, ngaku suci ku ucapna, nepikeun ka teu nyaho kana getihna pribadi nu ngocor di na badanna (ceuk basa Walandana “Stroomen”) beurang peuting teu aya eureun-na, bisi rayi acan nyaho :

ka-nyaah ti indung salawasna ngocor dina badanna
ka-nyaah ti bapa     salawasna ngocor dina adatna
ka-nyaah ti guru     salawasna ngocor dina kanyahona
ka-nyaah ti Gusti    salawasna ngocor di alam kabeh, kade lain ngocor kawas cai rayi ! getih ngocor (Stroomen). Tina ngocorna getih jadi kakuatan (magnet). Tina kakuatan jadi nyaho = terang (licht). Tina terang jadi nyaho ka kabeh !

Ku gebleg-geblegna eta jelema anu euweuh kanyaho kana stroom nyebutkeun nana oge “sihir” (marukana usik malikna teh teu make stroom?), tapi ari nyarita mah mani kawas jalma anu leuwih, panon poe, bintang, bulan sagala ditata-an, siga nu heu”euh tapi electrileit  (listrik) anu di badan na henteu nyaho naha kitu ?

Cindekna katerang akang :

Nu poho ka badan sarua jeung poho ka indung – nu poho ka indung sarua jeung nu tani poho ka bumi.

Nu poho ka adat sarua jeung nu poho ka bapa – nu poho ka bapa sarua jeung nu dagang teu boga kasopanan.

Nu poho kana kanyaho sarua jeung nu poho ka guru – nu poho ka guru sarua jeung nu boga kahayang (karajinan) euweuh  akalna (benerna).

Nu poho kana dirina sarua jeung nu poho ka Gusti – nu poho ka Gusti sarua jeung nu rek kumawula euweuh kapinteran nana !

Karta : Sadaya cariosan akang titadi ku abdi dicatet dina ieu buku, mung bae tadi akang aya saur kieu :

badan ti indung – adat ti bapa – kanyaho ti guru – ari kuring ti Gusti, jadi kahartos-na ku abdi; Nu Maha Suci teh bibit anu saruci, anu saruci teh nya-eta anu dijadikeun ku Nu Maha Suci teh nya-eta:

“Sare’atna nya dunya katut pangeusina; Tarekatna nya adat dunya; Hakekatna nya kanyaho; Marifatna nya kuring/”

Ku margi eta sae akang kersa nga-dongengkeun deui sakedik mah tina hal patokan kuringna.

***

Winata nga-dongeng-keun pamendak tina hal

PERTANYAAN JEUNG JAWABAN KURING
    
1.     Ari kuring asal timana ?
2.      Ari asal mah ti Pangeran.

1.     Atuh lamun kuring asal ti Pangeran mah meureun anu tangtu “nyaho” ka     Pangeran-Na ?
2.     Atuh puguh ….da moal pati-pati kuring keur waktu kawin ka pamajikan kuring, di payuneun wakil Pangeran (Halifatuloh) ? sarta disaksi ku sarat-sarat kaum kuring, dina Adeganana Pangeran (Baitulaoh?) geus ngucapkeun:

“Kuring “NYAHO” sarta “NYAKSIAN” yen euweuh deui Pangeran nu wajib dikawulaan ku kuring anging Gusti kuring Anu Maha Suci”. lamun kuring henteu nyaho.

1.     Saha “asmana” Pangeran teh ? jeung saha ari “ngaran” kuring ?
2.     Kuring mah teu arek wawanianan nyebut asmana Pangeran, da kuring “yakin” Pangeran kuring mah teu aya bangsana (laesa kamislihi?) ari anu sok dingaranan mah, eta nu tangtu bae aya bangsana, jeung pangna dingaranan teh taya lian ngan supaya gampang dicaritakeun nana jeung inggis atawa bisi pahili; saperti pangeran-pangeran anu di dunya …Kuring ge nya kitu keneh; sakalieun boga ngaran ,,abdi” oge lamun kuring geus bisa ,,ngawulana” ka Pangeran (Gusti kuring) tea.

1.     Naha ari ,,Karta’’ teh lain ngaran kuring ?
2.     Ih, ari Karta mah ngan sakadar ngaran jieun jelema (jieun batur) nu nganga-ranan karana adegan kuring di dunya, nya-eta ku lantaran loba bangsana, ku supaya ulah pahili tea jeung ari nu dingaranan Karta mah eta aya indung bapana (kolotna) …..Kitu oge eta ngaran Karta teh henteu gampang-gampang diaku bae , da lamun kuring dhohirna migawe: kahewanan teuing, kadunyan teuing, karobanan teuing, atawa kasetanan mah, ngaran “Karta” teh teu beunang (teu pantes) dipake, da Karta teh keur “ngaran” manusa nu geus bisa “migawe” kamanusaan nana.

1.     Ari Pangeran kuring teh lain Nu Maha Suci ?
2.     Enya…..

1.     Atuh lamun kuring asal ti Nu Maha Suci mah, kuring oge mereun suci, da itu geuning cai nu aya dimana-mana nu asalna ti laut (sagara cai) bet disebut tunggal cai keneh?
2.     Atuh puguh, da lamun kuring teu suci mah, di dunya teh kuring anu tangtu moal bisa nyaho: mana anu disebut salah jeung bener, hideung jeung bodas, panjang jeung pondok, amis jeung pait, goreng, hade, jeung sabangsana nu dijadikeun ku Pangeran kuring.

1.     Ayeuna kuring sanggeusna ngarasa aya dina badan nu dipake ku kuring satungtung aya di alam dunya (pamajikan), naha masih keneh eling ka kuringna jeung kana kawajiban kuring pribadi ?
2.     Atuh puguh, eta mah kieu geura, saibarat kuring keur ngawayang uwong, di-dangdanan jeung di jieun naon bae, naha Erjuna atawa jadi Buta, kapan ari kuringna mah eling, yen kuring mah lain Erjuna jeung lain Buta, ngaku ngaran Erjuna (Buta) soteh dina keur ngawayang uwong bae; nya kitu deui keur waktu kuring di alam dunya, dina adegan jeung ngaran manusa, dina satungtung ngigelkeun jeung ngalagukeun lagu kamanusan teh, kuringna mah kudu tetep elingna kana asal kuring pribadi, jeung oge dibarengan bari migawe kawajiban kuring sacara nu asal ti Gusti nu Maha Suci.

1.     Naha boga kawajiban naon jeung kudu kumaha cara-carana ari anu asal ti Gusti Nu Maha Suci teh ?
2.     Haarr …. kapan samangsa-mangsa asal ti Nu Maha Suci, anu tangtu eta teh Suci, nya kitu deui lamun kuring geus nyaho mana nu disebut salah jeung mana nu disebut bener, kuring diwajibkeun ngarukunkeun dlohir jeung bathin (anu jadi pamajikan kuring, sok komo lamun nepi ka bisa ngarukunkeun saluarreun diri kuring dunya katut pangeusina mah).

1.     Ngarah naon sina rukun teh ?
2.     Ari anu disebut rukun ku kuring mah kieu: Sakabeh mahluk Pangeran anu araya di dunya, sing baroga perasaan kumaha cara-carana nu kumawula ka Pangeranna nurutkeun adegan jeung ngaran manehna da ari picontoheun mah  kabeh oge picontoheun, sanajan anu teu ngomong oge, saperti tuh panon-poe, geuning panasna, cahyana, keur sarerea, ngahasilkeun  ka sarerea, pagawean nana bukti ! Tuh laut! nyaian ka sarerea, niisan ka sarerea, pagawean nana bukti ! Tuh angin ! nganapasan ka sarerea, mindah-mindahkeun hawa ka sarerea, pagawean nana bukti jeung tuh bumi! oge kitu!    Cindekna: seneu, cai, angin jeung bumi geus jadi conto; malah badan jeung kasehatan nu dipake ku kuring ayeuna, ayana teh ku rukunna eta nu opat, ayeuna ari kuringna nu ngaku asal ti Nu Maha Suci, tur geus ngaku leuwih mulya ti sakabeh mahluk, dina waktu nyekel rol (ngalakon) di dunya, mun cara dina ngawayang uwong mah, di dunya teh keur nyekel lalakon jeung pakean Bathara Guru, naha pantes ari igel jeung lagu cara igel -parigelna buta hejo bae  ? Atuh lamun kitu bae mah dunya katut pangeusina teh moal aya beresna (kusut). Jadi hartina rukun anu dicaritakeun ku kuring mah kieu : Kajeun pabarencay sumawonna ngumpul, asal sing rukun! silih ome keun dina kasalahan nana, silih turutan dina kahadean nana deukeut sumawonna jauh ulah rek migawe pagawean atawa omongan nu temahna matak teu salamet ka dirina tawa ka nu sejen, sabab: sanajan henteu ngocoblak ngomong, tapi, ari migawe pagawean nu hade mah, eta leuwih gede mangpaatna ti batan nu wungkul ngomongkeun atawa ngapalkeun keneh samaliun kitab papatah (tirakat ngosongan beuteung!) timana jalanna rukun jeung batur lamun di jero beuteung na ribut bae.

1.     Ari geus rukun kumaha ?
2.     Nya ari geus kitu mah, anu tangtu dunya katut pangeusina teh surupdisebut bener jeung salametna.

1.     Ngarah naon ari geus balener kabeh ?
2.     Kapan ngarah paruguh surupan nana deui, tuh geuning itu nu nyontoan mah mani teu aya eureunna; cai ka laut deui, seuneu ka panon poe deui, napas ka angin deui, taneuh ka bumi deui, estu teu matak hese ka kuring mun tas ngawayang uwong tea mah pakean teh bet beberes ku maneh (otomatis?), jeung ari kuringna mah hayang balik ka asal kuring deui, da ari dunya mah lain asal kuring, bener ayeuna mah kuring teh keur ngalakon di dunya sing surup dina adegan dunya soteh, cageur jeung bageur; tapi ari geus tamat lalakon mah kuring teh sing surup ka asal kuring deui, malah ari kahayang mah nu nurutkeun kawajiban, dunya katut pangeusina teh meujeuhna babalik sing surup ka kuring (dunya sing surup ka kuring, kuring oge sing surup ka Pangeran kuring), da lamun acan suci mah sok asa moal bisa, “pulih ka jati pulang ka asal kuring deui, nya ka Gusti Nu Maha Suci” (inna Lilahi wa inna Lilahi Rojiun?).

1.     Lamun kuring geus bisa ngarukunkeun diri, komo lamun tepi ka bisa nga-rukun-keun nu sejen, naon pingaraneun kuring ?
2.     Ari nu geus bisa nga-rukun-keun mah, eta pantes dingaranan “abdi” sabab geus bisa ngawulaan nana ka Pangeran.

1.     Cing carita keun, kudu kumaha kuring di dunya ngawulaan nana Pangeran, tepi ka tutgna boga ngaran abdi teh ?
2.     Lamun dicarita-keun mah, kieu kuring teh : Kudu mangeran ka Gusti Nu Maha Suci, ari pagawean nana nya-eta urang di dunya sarerea kudu maranut ka : sakuring-kuringna nu asal ti Nu Maha Suci tea, sabab tadi oge geus diterangkeun da kuringna nu aya di aranjeun teh asal ti Pangeran kuring keneh, henteu beda cara cai dimana-mana, asalna ti laut keneh. Urang di dunya pada karumawula ka Pangeran pada harayang jadi abdi-na (abdi Gusti) = ngalimah kalih; mun keur waktu urang baheula di pasantren (pamuridan mah eta teh disebutna “{Syahadat”): Kudu mangeran ka Gusti Nu Maha Suci, Kudu manut ka utusanna Nu Maha Suci.

1.     Kumaha ari mangeranna  ka Gusti Nu Maha Suci teh? Jeung kumaha ari manut ka Utusan nana teh? da mustahil ari cukup ku ngomong wungkul mah, da ari ngomong na mah budak leutik oge mun diajar mah meureun bisa-eun.
2.     Ari mangeran ka Gusti Nu Maha Suci urang kudu migawe pagawean nu Suci (ngawujudkeun pagawean anu hade) jeung ari manut ka Utusan Nu Maha Suci urang kudu daek mere pituduh ka sakur nu teu nyaho-eun kana jalan anu bener, dibarengan ku tekad anu henteu rek ngarah ngarinah, sabab urang kudu :
Sembahyang

Ngiblat kana adegan Nu Maha Suci, (ka sakabeh nu dumadi), kudu ngarti sarta surti, bisa nangtung, ruku, sujud jeung lungguhna sakabeh mahluk teh ana kacukupan seuneu, cai, angin, bumina, anu matak lamun urang enggeus harti sarta lamun nenjo mahluk anu kakurangan (teu cageur atawa teu bageur) urang kudu bisa nyalametkeun, geuning dina panutupan solat, aya kecap aweh salam (mere salamet = nyalametkeun) ka sakabeh Rahmatna Allah nu geus diberkatkeun ka urang sarerea (asalamu alaikum warahmatulohi wa barkatuh?)

Zakat – Fitrah

Nulung ka nu butuh – nalang ka nu susah, ngateur ka nu keu-eung, nuduhkeun ka nu teu nyaho; lamun urang acan nyaho ka nu butuh atawa ka nu susah (anu kakurangan dahareun atawa inumeun) urang kudu :



Puasa

Tah dina puasa urang bakal nyaho kumaha ari rasana teu dahar? kumaha ari rasana teu nginum ? jeung sajaba ti eta. Lamun urang geus kaharti sarta ka surti, naha henteu leuwih hade lamun urang sarerea (dunya katut pangeusina) pada rukun sing:




Munggah jadi Hiji dina Adegan Nu Maha Suci

 Ku nyumpumponan kana Rukun anu 5 bieu ? sabab eta nu Rukun teh Suci, jeung ari nu hayang Suci, pagawaean nana kudu Rukun !

Hukum Sarana geus pada baroga, sakaumna-sakaumna !
Hukum Adatna geus pada baroga, sa-adatna-sa-adatna !
Hukum Akalna geus pada baroga, geusan ngahijina/Rukunna !
Hukum Allahna nu geus tetep dina Adegan Nu Maha Suci :

Saha nu nyagap seuneu : Panas
Saha nu melak bakal ngala buahna
Saha nu resep ngabobodo ka batur (nga-wirid-keun bohong ka nu sejen) sabetah kabita ku dunyana atawa hayang diesebut jelema pinter, awal-akir anak incuna bakal milu kabobodo ku pelak manehna ayeuna !
Saha-saha nu nyebarkeun elmu salingkuh, awal-akir anak incuna oge bakal jadi jelema bodo !
Saha-saha nu sok tuturut munding anak incuna oge alamat teu beda jeung munding!

Kuring percaya : Gusti Nu Maha Suci geus ngajadikeun dunya katut pangeusina ku ayana dunya katut pangeusina teh geus ngajadikeun lantaran kuring sarerea.

Sareatna badan ti Indung
Tarekatna adat ti Bapa
Hakekatna kanyaho ti Guru
Ma’rifatna kuring ti Gusti

Ayeuna kasebut ku lumbrah :

Badan teh nya badan kuring
Adat teh nya adat kuring
Kanyaho teh nya kanyaho kuring
Kabeh diborong ku kuring

Nu asih ka badan kuring nya indung
Nu asih ka adat kuring nya bapa
Nu asih ka kanyaho kuring nya guru
Nu asih di alam kabeh nya : Gusti Nu Maha Suci (Robbil Allamin)

Nu matak lamun kuring geus baleg, enggeus boga kanyaho, tur kuring mah estu nu MIBUTUHNA ku badan cageur, ku adat bageur, jeung kanyaho nu bener, atuh mistina mah tikel rebu milu nya’ah ka badanna, milu nya’ah ka adatna, jeung milu nya’ah kana kanyahona teh, malik nya’ah ka alam jeung pangeusina kabeh nu dijadikeun ku Nu Maha Suci nu dipikabutuh ku sarerea.

Sakabeh badan ulah disiksa/sina teu cageur.
Sakabeh adat ulah dipake ngasut/sina teu bener ulah kurang (min), jeung ulah leuwih (plus) bisi jadi jelema anu teu jejeg (abnormal)
Kanyaho anu aya matak teu hade ulah sok disebarkeun bisi nular ka nu sejen jeung euweuh deui puntanganeun kuring ayeuna (dina waktu ieu) mah ngan wungkul kuring pribadi,

Kuring anu nyagap seuneu , batur moal milu panas.
Kuring anu dahar, batur moal milu seubeuh
Kuring anu goreng, batur moal milu dosa jeung sajaba ti eta.
Jadi ringkesna kuring teh kudu tetep mageuhan agama (patokan) kuring pribadi,
Jeung kuring teu dikukudukeun pipindahan agama atawa moyok nu batur,
Nu hade wajib diturut, gorengna kudu di jauhan/ mun bisa kudu ngomekeun,

Sabab ari goreng teh ka kuringna matak jadi karugian anu pohara gedena, sareatna badan ruksak, tarekatna jeung dulur oge patelak, hakekatna guguru ka Teja cahya, ma’ripatna lain Suci lain pinter, tapi jadi bebeakan beresih sagala-galana (0=nol).

Badan kuring sanajan dipolas-polis, diruruba ku carita atawa ganti dangdanan, (ganti sipat, ganti adat, kanyaho nurutan batur, kuringna mah teu panglingeun).

Adat kuring sanajan digosok unggal waktu moal luntur, da boga bakal sorangan, saibarat kopi susu, sakitu geus dihijikeun ku cai panas nu ngagolak, rasana mah teu pahili, susu – susu, gula – gula, nya kitu deui kopina; ngan raosna nu ngahiji soteh, kitu oge lamun salah sahiji barang teu aya nu leuwih atawa aya nu kurang, jeung kitu oge lamun anu ngarasakeun nana boga kanyaho (cageur bageur).

Kuring teu arek era disebut bangsa Sunda (Jawa)
Kuring teu arek era make kasopanan Sunda (Jawa)
Kuring teu arek era nyaritakeun hal patokan Sunda (Jawa)

sabab kuring percaya Gusti kuring Anu Maha Suci ngajadikeun nana mahluk teh moal kakurangan atawa moal kaleuwihan.

Kuring percaya bangsa Kuring teh jelema aya kamanusaan nana.
Kuring percaya bangsa Kuring teh boga adat, aya kasopanan nana.
Kuring percaya bangsa Kuring teh boga kanyaho, aya kawruhna.
Kuring percaya bangsa kuring teh kudu iman, aya kukuhna da mustahil ari kayu-batu,sato-hewan, dunya katut pangeusina boga kukuh, ari kuring henteu ?.......nya ari rupa mah puguh bae beunang dipolas-polis saperti : “Kai ku pamaksa jelema, dituar, di ku di kieu  nepi ka geus jadi meja, disirlak atawa di cet, tapi kai na mah teu leungit-leungit nya kitu deui sirung nu jadi dina tunggulna, nya kai deui kai deui.

“Naha bisa Suci lamun teu make Iman”?

Kaharti kukuring mah lamun :

teu iman ka nu Wujud = teu cageur
teu iman ka nu Karasa = teu bageur
teu iman ka nu Bener = teu boga kanyaho
teu iman ka nu Pinter = bodo
teu iman ka nu Pasti = tangtu
teu iman ka nu Salamaet = cilaka

Lamun palebah dieu acan masih kaharti keneh geura ngalieuk atuh ka kenca ka katuhu kilang bara daek nenjo tincakeun ka hareup mah, atuh anu ka tukang-tukang ……..

balikeun awak teh sugan inget ka wiwitan :

Tah Indung Anjeun
Tah Bapa Anjeun
Tah Guru Anjeun
Tah nu “wawangina disilih ku anjeun”.

Palebah dieu, teu aya menak teu aya kuring, henteu beunghar henteu miskin, saha bae nu nyebarkeun cucuk, awal akir eta cucuk  teh bakal jadi, lobana tikel puluh batan anu disebarkeun (leuweung?), sarta anak incuna (turunan nana = tironan nana) anu nyebarkeun tea age, nya bakal kacugak ku pepelakan nana.

Anu matak lamun urang nya’ah ka anak incu nu hirup pandeurieun urang, omat ulah rek wani-wani migawe pagawean anu goreng (nu teu pantes), malah kudu dibere nyaho jeung sina mikanya’ah ka bangsana, mika cinta kana adat sorangan nana, da ari elmu akalna mah jolna ku campur tea, sarta tuduhkeun Hukum-mulohna nu lain jieun jelema (disingsieunan atawa dibibitaan).
---------------------------------
Keur sedengna raos ngadongeng, bet karungu suara lonceng 8 kali nawisikeun parantos tabuh 8 wengi ….Ku jalaran eta Winata emut dina tabuh 9 teh kedah nyaksian hajatna : Kai Kartawinata di kampung Pulasan Jatinagara.

Rayi …..saur Winata; naha urang ngobrol teh bet kajongjonan teuing, kapan wengi ieu teh urang diarondang ka Jatinagara.

Karta : Aeh sumuhun, na abdi mah mani hilap, teu emut sakedik-kedik acan, sigana upami teu diemutkeun  ku engkang mah anu tangtos moal kana emutna.

Winata : Hayu atuh, ngan dijalan etang-etang tamba keueung palebah kuburan si Arkab, tukang kitab tea, rayi kudu tembang, ari laguna ku pamenta akang kudu Kinanti.

Karta : Mangga, mung guguritan nana kenging timu tina laci meja, sawios?

Winata : Ah, pek bae !

Di jalanna

Keur mah hujan taya eureunna, katambah tambih ku po’ek naleueur sareng nanjak mudun , karareueung tambah sieun, ma’lum seueur bejana (cenah) tea, komo eta mah palebah astana si Arkab tea handapeun kiara leuwung, mani siga anu nangtung, jangkung gede tue hideung, kaina mani janggotan, pantes pamuntangan jurig, kaciwis nu sok meulit bitis, Karta sareng Winata leumpangna di tarariung, tungkul henteu luak lieuk, hate dug-deg kekenyudan, asa geus kop, asa geus am, bukurna kekerejedan …..

Karta bakating ku sieun taya papadana ngan gorowok bae tembang tarik pisan laguna ku Kinanti buhun :

Sir ati ngajadi gulung, lila-lila jadi kuring, anjaclang di alam Padang, rus ras sok rea ka eling , katineung reujeung kamelang, melang mangmang beurang peuting.

Nunggu nunggu cunduk waktu, nganci-nganci nitih wanci, ngadagoan datang mangsa, henteu kendat beurang peuting, sanajan nepi ka ajal, bulak-balik mo’ katilik.

Mungguhing nu jadi mahluk, tuna harta sepi harti, henteu bodo-bodo acan, surup jeung unggeling dalil, nyebut enya puguh enya, nyebut lain puguh lain.

Mahluk mung darma lumaku , Gusti nu ngusikkeun diri, ibarat dalang jeung wayang, nya kitu mahluk jeung Gusti, aya maneh aya kula, teu pisan pisah saeutik.

Paur lamu seug dicatur, ketir lamun dipikir, moal lancar ku di talar, Gusti lain dina biwir, di dunya henteu gumelar, amung mahluk anu lahir.

Lamun mukir anu saestu, moal kalis ku ka inggis, susah lamun nincak salah, ati henteu weleh ngait, lamun emut sok sumuat, beuki lila beuki muhii.

Ninggang di jalma takabur, umangkeuh reujeung sumingkin, samar kana bisa nyasar, ari tetep moal lilir, nyekel iman ngan salancar, da ngukuhan elmu nu dir.

Nu puguh ngan matak linglung, muru bukur malar bukti, ngudag-ngudag nu teu guna, kira-kira teu kasungsi, bongan tekad anu salah, nguntit-nguntit anu lain.

Mun kitu tangtu kaliru, misil moal jadi hasil, malah malah tambah susah, pinanggih reujeung kasedih, ubarna ngan kudu sabar, pasti anu tangtu jadi.

Kukuh pengkuh kudu puguh, cengeng ati masing pasti, sanajan lempang salengkah, ulah henteu jeung dipikir, poma arek tinggal bismilah, sangkan rahman-rahim panggih.

Dunya mung saukur ngaku, henteu beunghar henteu miskin, menak kuring sakabehna , teu diwincik wiji-wiji, pasti kapurba-wisesa, ti lahir nepi ka bathin.

Mungguhing anu linuhung, lantip ati tur berbudi, nyoreang taya karingrang, tebih marganing kasedih, ca’ang padang narawangan, dumeling ngagem ka-eling.

Aheeeeeeng !!!! ceuk Winata

Ku rarasaan akang mah, lain ku sapedah kana lagu kabangsaan sorangan bae, naaa  da asa moal manggih lagu anu karasana ku akang nyenyep nyerep sumrambah kana lelembutan cara lagu Sunda mah, disebut ngeunah da lain kadaharan disebut genah da lain tutumpakan, tapi sakabeh : badan, adat jeung kanyaho teh mani asa nyaksian kabeh …… lamun ceuk urang Ciwaruga mah nu kitu disebutna teh “anggeus”!!! cenah.

Sedih lain, suka lain, tapi ku rus-ras ka nu geus di alin2.

Sadarongkapna ka Jatinagara kaleresan pribumi nuju keur ngijabkeun, disaksian ku ondangan, atuh teu kantos dicalikeun deui, Karta sareng Winata teh mararenanh-keun maneh bae, maksadna ngiring nyaksian kana pakaulan nana pribumi ka putrana, laguna ku :

“Kasinoman”

Kieu ijabna Kai Kartawinata teh :

Neda ageung pangaksama, ka pramitra jaler istri, anu sami ngalu’uhan, ka ieu riungan wengi, muga karesa  nyakseni, reh numut galur karuhun, budak kedah disunatan, boh awewe boh lalaki, malah mandar rahayu dipawenangan.

Salametan ieu budak, yakin ti nini ti aki, katut ti indung bapana, malah ti kadang ti wargi,jembarna ti Maha Suci, jumunjung Nu Maha Agung, kumarga eta sumangga lenyepan ku sanubari, wincik budak malah mandar jasa mekar.

Baeu banget anak bapa, ujang sarawuh si nyai, Fatimah Mamunah Dayat, anak bapa sing prihatin, ujang teu nini teu aki, ngan bapa jeung ema wungkul, tur aya di pangumbaraan, ngan bae enung anaking, mangka janglar tumarima kana kadir.

Rumasa ema jeung bapa, ti mimiti enung lahir, taya tandana ka anak, nyipat kawelas-ka’asih, ngan sugan baring supagi , ginanjar Gusti yang Agung, barisa ngajaga awak, mingpin sanubari batin, anging ieu bekel di Pawenanngan.

Pertanda bapa ka ujang, Ema nya’ah ka si nyai, lain uwang lain barang, ngan bapa ieu ngawaris, malah mandar jadi eling, keur jimat enung ka payun, mun pareng paranjang yuswa, bekel gumelar di lahir, baris modal ngumbara di Pawenangan.

Poma poho ka wulangan, cai lali awit bijil, henteu nyaho ka sagara, ulah kaya memeh miskin, poma tonggoy kana lahir, sing emut enung ka puhu, conto Batara Surya, sumorot kadia tatit, ngempur pamor sumirat ti beulah wetan.

Hegar rahmating Pangeran , mahluk Gusti sami muji, kana kajembaran nana, pecat sawed nema wanci, rumangsang anu ngagilir,mipit menit muru waktu, ceg anceg wates manceran, ditema ku waktu lingsir, tunggang gunung kawas anu ngawawa’as.

Jeg anu ngahiap hiap ngajak sumujud ka Gusti, muja ka yang Maha Mulia, layung koneng nu ngaganti, nyilokaan mahluk Gusti, candra wetan anu cunduk, tah ujang hirup di dunya, masing sasihna ti Gusti, wincik bapa teangan masing kapendak.

Mun bapa aya hadena, conto ku ujang ku nyai, anu goreng mah ulah, ujang nyai masing eling, nu ingkar ti laku Suci, kajeun bapa kajeun indung, ari goreng laku na mah, ulah diturut saeutik, mikolot mah poma ujang ulah robah.

Sing tumetep poma robah, pahing soteh adat iblis, bisi ngaruksak turunan, anggur ujang mangka nyangling, sing caringcing ulah cicing, anggur sipuh laku sepuh, ujang teu aya salahna, mun kolotna beuheung munding, geuwat rawat ku tekad jeung kalakuan.

Tembongkeun lampah si ujang , contokeun karintih nyai, ari ku lisan mah ulah, poma dek nyiduh ka langit , kajeun di wali di nabi, taya nu miwulang sepuh, tah ujang matak doraka, anu lancang kumawani, kajeun hina kajeun laip bapa urang.

Pangeran di pawenangan, Gusti ujang di lahir, nu jadi marga lantaran, pang ujang jeung nyai lahir , digelarkeun Maha Suci, sababna bapa jeung indung , nu matak ceuk caturangga paribasa nini aki, indung bapa di dunya nu leuwih mulya.

Kajeun jelema beurat beunghar, sugih harta loba harti, mun teu rumawat ka sepah, temahna matak balai, nu matak sing jadi eling, meungpeung bapa sareng ibu ayeuna masih gumelar, kadongdora ujang eling, geus euweuh mah geuning sok dikarorehan.

Di tareang ka kuburan, nyai ujang mah anaking, ayeuna bae ayeuna, sing ngesto na sanubari, meumpeung cukup saksi diri, wawakil yang Maha Agung, ari jalan rumawatna, waris bapa nu ngabukti, ku si ujang poma kudu dipiara.

Lain waris harta benda, wujud diri sanubari, geuning ujang boga badan, boga tangan boga kuping, kumplit anggahota diri, warisan ti rama ibu, cing coba bapa rek nanya, kira-kirana ka-uji, sabaraha eta pihargaeun nana ?

 Pamenta ema jeung bapa, kade ujang mangka lali, pangajina diri ujang, modalna keur nyungsi batin, mun teu nyaho harga diri, temahna sok jadi bingung, sok lieur lolong dunyana, batinna mah komo deui, indung bapa sok dijieun ponakawan.

Cangcaianna ti sepah mah, ujang masing jadi eling, karasa pisan ku bapa, nu matak enung anaking, poma masing jadi eling, di anak mah kantun mulus, sangsara mah geus ku bapa, ngan saeutik ka si nyai, pesen bapa geura regepkeun ku ujang.

Mun bapa ninggang ka mangsa, tepi kana titis tulis lain rek sungkan rek baha, teu tarima kana takdir , kabeurat teu aya deui , kajaba ngan anak wungkul, kainggis sieun minculak, ingkar kana hukum diri, ngan sakitu ka bapa anu jadi beurat.

Kawasna moal sampurna, bapa mo pulih ka jati, mo bisa pulang ka asal, kahalangan ku kaeling, sukma ngalayang di lahir, anak anu jadi galur, tah lamun ujang nyai nyaah, tandana rek males pulih, ka bapa mah lain sipat kadaharan.

Mungguhing lelembutan mah, basa lembut eta latip, basa latip eta laesa, mo bisa dibanding lahir , anging kudu latip deui, kakara tiasa terus, ka sukma bapa teu wiat, ku jalan pijah si nyai, jeung si ujang pijahna ku kalakuan.

Nu nyumponan ka sampurnaan, nu cocog sareng agami, nya-eta lampah utama, nu pantes tata karami, jeung deui ujang sing eling,, pagulung soteh jeung indung,, jongok ayeuna jeung bapa, bukti soteh ku jasmani, basa jasad baju nu keuna ku ruksak.

Teu langgeng mungguh ayana , keuna ku owah ku gingsir, mungguhing enggeus ruksak mah, ujang susah nya milari, hayang papanggih jeung bukti, tepung jeung rama jeung ibu, bukti jeung kurungan nana, kajeun ka cai ka leuwi, ka sampalan ka leuweung ka pajaratan.

Taya panginten kapendak, biasana mungguh jalmi, ngarasa inget ka bapa, ka indung nya kitu deui, lamun geus euweuh di lahir, tah kitu mungguh di mahluk, babari eleh ku hawa, ujang mah kasep anaking, sing tiasa langgeng dina patekadan.

Peupeuriheun eyang ujang, ngan kantun asma dilahir , susah najan diteangan, wayahna bae anaking, pang bapa bisa merwincik, karasa ku bapa enung, hirup teu indung teu bapa, kaburu pahatu lalis, karasana taya gunung pananggeuhan.

Ka saha geusan nya muntang, geusan bapa titip diri, euweuh deui ngan ka anak, nitipkeun lahir jeung batin, lahir bapa tilis ceuli, batin henteu unggut-unggut, nu matak ujang teangan, tunggalna ti Maha Suci, sangkan bisa nyumponan ka tineung manah.

Sing beunang sarining kaca, geura tilik marga diri, nyai ujang siga saha, geura padeukeun nya diri, tilik sing gemet sing rintih mangkade enung kasaru, lepat ngabandingkeun nana, boh bilih lali ka awit nyai ujang kade salah nya terima.

Mun ujang memper ka bapa, aya ciri nini aki, eta mah kantun ngamanah, ka saha ujang nya eling, ujang bade titip diri, geusan umangken jumunjung, da bukti tos di cacandak, kantun ngajangjian diri, geura talek dek ka saha tumarima?

Piraku ka nu lainmah, kapan sidik marga diri, ujamh nyai siga bapa, bapa kawas nini aki, nini aki kawas umpi, umpi ujang kawas uyut, uyut ujang urang mana, tah sakitu sing kapanggih, mun geus pendak tah tanda ujang tarima.

Kadar ngan jadi “panyelang”, nyelang bongan tadi nyilih, nginjeum ceuk basa Sundana, ka Gusti kuring anu Asih, INDUNG, BAPA, GURU KURING, nu matak ulah rek linglung, ka nagara nu baheula, siloka di Pajajaran, kapanggihna lamundaek nga-Bandungan.

Bogor ceuk basa baheula, eta basa ngandung harti, koropok mungguh jatina, beak ku nu ngadon nyilih, anak anu kumawani, patokan bapa digempur mikaresep ka nu anyar, karasana nya eyeuna, lolong torek nu jadi hukuman nana.

Satamatna nu pakawulaan nya lajeng didu’aan, maksadna:
Salamet Sunat Putrana
Salamet Nu gaduh wajib (ibu ramana)
Salamet Nyaksian (guru-guru sadayana)
Salamet abdi sadaya; mugi-migi tiasa ngawulaan ka Gustina, nya.


Gusti Anu Maha Suci

anu welas anu asih di alam kabeh !!!!!


Salajengna teras bubaran ngabantun saberkat-berkatna !!!!!!!!!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar