Nu disebut katunggalan teh nya-eta geusan tunggalna atawa ngahijina kawulaning Gusti (mahluk nu bisa ngalampahan Ta'udz jeung enya nyebutna Bismilahirohmanirohim), nyungsi bibit ngajadi , ngudag mulang ka babaran asal, nyumponan kana dalil : Inna Lilahi Wa Inna Lilahi Rojiun; hartina asal ti Allah balik ka Allah ? NAON NU ASAL TI ALLAH ? JEUNG KUMAHA URANG BISANA BALIK KA ALLAH ? da urang samemeh gelar ka Alam Lakhir teu aya ingetan nanaon ?
Ingetan mah eta parabot anggahota, sanggeusna urang aya di Alam Lahir, tegesna alam geus jadi, tina geus
jadina urang nyukcruk kana puhu, nyungsi kana wiwincikan bibitna kawit, ngudag sagaraning asal, nyugri diri, nyuay badan, misah-misah supaya ulah pahili, merwinci wiwincikannana, barang anyar dipisah-pisahkeun jeung barang nu langgeng, tegesna mana nu keuna ku ruksak jeung mana nu teu keuna ku ruksak, eta dipake tahapan urang pakeun muru ka alam kalanggengan, tegesna ana nyungsi kalanggengan nu di aji kudu anu sipat langgeng.
SAHA NU SIPAT LANGGENG TEH? JEUNG NAON ALAM KALANGGENGAN TEH ? ? ?
Dina sipat 20 diterangkeun yen anu sipat langgeng teh anging Allah sabab Anjeunna ngagaduhan sipat baqo. Ari ka-langgengan mah alam urang nu bisa balik ka awit, mulang ka asal tea , tegesna ka-langgengan teh anu aya dina sipat langgeng.
NAHA KALANGGENGAN TEU MEUNANG DIPAPANDEKEUN JEUNG ALAM AYEUNA ? ? ?
Teu bisa. Lantaran alam ayeuna mah (lahir) aya keneh dina alam papasangan, sagala aya bandingna, goreng lalawanan hade, enya lalawanan bohong, jeung sabangsana, kapan tadi oge bukti loba nu Ta'udz Bismillah, tapi lampah owah-owah, owah tinu diucapkeun, abong-abong JAS-mani asal ti indung bapa, napsu nu jadi lantaran, ROH-mani jeung ROHIM (kawelas jeung kaasih) nu ti Gusti geus meh kaluli-luli, buktina carang nu merduli, ngan wungkul jasmani nu digugulung, marukana nu mulia teh JAS-na, padahal nu mulya mah tetep sipatna Gusti, bukti nu masihan pitulung kana sagala patekadan mahluk, tapi mahluk nu katotolojoh nu diaji beurang peuting estu ngan ruruba wungkul sipating ka jasmanian nya tuluyna ngaji nu beureum, nu koneng, bodas sumawonna hideung, katerangna nyacas bukti ngawujud suwung tina sipating ka Allahan.
Buktina teu euweuheun loba anu mangeran kana suwung, cahaya jeung sipating dunya dianggap saperti kana sipating Gusti, palebah dieu estu tetela nu sok kitu mah sidik acan nyahona teh kana sipating Pangeran nu diterangkeun tadi di luhur, atawa kana kecap "Bismillahirohmanirohim" tea.
Buktina loba nu nyebut Allah kana napas, nyipatkeun Salbiah kana panon, Ma'ani di ka ceulikeun, Ma'nawiah-na di ka sungutkeun. Har atuh nu kitu mah barang teu langgeng nya-eta nu keuna ku ruksak tea, samistina kudu teangan nu disebut roh-mani jeung rohim.
Katerangan ieu di handap saeutik rek diterangkeun yen Bismillahi teh hartina (kalawan Asmana Pangeran), ari Pangeran teh ku urang Arab disebutna "Allah" , ari Allah teh nya-eta jenengannana Wujud nu Maha Suci, sarta eta Wujud nu Maha Suci teh nu ngagaduhan sipat nu teu beunang dipapandekeun jeung sipating dunya, saperti anu bisa kapanggih ku pancadria mahlukna, anu matak disebutna oge Wujud nu Maha Suci teh Laesakamislihi, nya-eta ku teu beunang-beunangna dipapandekeun tea, buktina kasaksi ku sipat Kidam hartina Wujud nu Maha Suci teh ayana tiheula, Baqo, hartina langgeng teu keuna ku ruksak Muhalapatullihawadisi, hartina dat jeung sipatna beda jeung mahlukna, Kiamuhutaalabinapsihi, hartina lain meunang ngadegkeun mahluk, Wahdaniat, tunggalna ngaran Allah mah anging jeung Wujud nu Maha Suci.
Nu matak ulah sok nyebut Allah kana Suwung, da Allah mah aya. Ulah nyebutkeun sipat Allah kana beureum, koneng, bodas, hideung, da eta mah sipat dunya, ari geus ngawujud dunya ngaranna oge kudu lumbrah dipake di dunya bae , saperti loba nu nyebut (ngangaranan) Allah kana barang nu alanyar sarta sok keuna ku ruksak ; tetep kudu nyebut Allah mah anging kudu ka nu Kawasa, nu Kersa, nu Uninga, nu Hirup, nu Ngarungu, nu Ningali jeung nu Ngandika, sacara nu disebut dina sipat Ma'nawiah, pangna Allah disebut nu Kawasa, nu Kersa, nu Uninga, nu Hirup, nu Ngarungu, nu Ningali, nu Ngandika, kulantaran geus sidik atawa Af'al, pangawasana geus Murba ka sakabeh alam jeung jaman katut nu ngajamannanana, tegesna sakabeh pangawasa sakabeh dat nu gumelar di lahir , saperti : hiliwirna angin, panasna seuneu, tiisna cai, tetepna bumi, estu eta teh Kudrat ti Pangeran, eta hawa-hawa teh estu kalawan jeung Iradat Pangeran. Ilmuna tara salah deui ngabagina tara sulaya kana pitempateunnana, ari tempatna nya-eta sakabeh sipat dunya nu alanyar (Jasmani) tea .
Nya kitu deui Hayat, Sama, Basar, Kalamna Pangeran teh geus ngahirupkeun, ngadengekeun, ningalikeun jeung ngucapkeun patekadannana nu jadi mahluk. Kulantaran eta tina ayana Af'al Pangeran pantes sakabeh anu geus rumasa usik malik jasmanina nganggo rohman-rohim Pangeran pada ngucapkeun "Bismillahirohmanirohim", hartina pada nyebut Asmana Pangeran anu sipatna Welas jeung Asih, karana tadi di luhur geus dicaritakeun lain bae hiji mahluk anu diusik-malikkeun teh tapi sakabeh kaayaan anu gumelar sarta make sipatna dunya eta kabeh make sipatna dunya eta kabeh tangtu kapurba ku sipat roman rohimna Pangeran bae.
Contona : Moal aya ngaran seuneu lamun euweuh panas, moal aya angin lamun euweuh hiliwirna, moal aya cai lamun euweuh tiisna, sasat moal aya buni lamun euweuh tetepna.
Nya kitu deui dunya gede saperti panon poe nu disebut central-na panas, lautan central-na cai, nu tiisna jadi ijs (es) , ibarat aasna bumi , bumi nu jadi central-na tetep angin nu ngabagikeun hawa nu pinuh ku pangawasana dunya (magneet), sarta ngabagi-bagi sari-sarina dunya, nu amis asuk kanu amis, haseum kanu haseum deui , nya kitu deui jadi lantaran ngasalkeun kaayaan dunya ti baheula nepi ka ayeuna nguriling teu aya eureuna, ngocor teu aya kendatna, disarengan ku sipat rokhman jeung rokhimna Pangeran bae. Jadi ayeuna geus bukti ibarat sipat dunya kapanjingan sipat Gusti , lir upama cahaya beureum eta sipat dunya, kapanjingan sipat panas, sipat manjing kana sipat, tuluyna ngajadi dat anyar, eta dat tuluy dingaranan seuneu, jadi ayeuna kaharti yen seuneu mah teu pantes mun disebut Allah , sabab tetela seuneu mah datna anyar, nya kitu deui koneng kapanjingan hiliwir, angin pingaraneunnana . bodas kapanjingan tiis, cai pingaraneunnana , nya kitu deui hideung kapanjingan tetep, nya bumi bae ngaranna, kulantaran eta sakabeh dat nu anyar mah estu ngan wungkul sipat nu kapanjingan sipat teu pantes di pi-Allahna.
Katerangan nu sakitu saeutikna di luhur sugan bisa netepkeun yen Wujud mu Maha Suci teh estu pangawasana oge geus murba kana kaayaan alam jeung nu ngajamanannana, jadi pikeun mahluk mah tetep moal bisa panggih atawa bisa mapandekeun kana wujud nu alanyar, tegesna kana sakabeh dat nu asal tina sipat manjing sipat.
Contona: Saperti urang nu di jero imah anu tangtu mohal nyaho kana wujudna imah , ari sababna, lantaran urang kapurba ku imah , ngan urang lamun hayang percaya sarta yakin yen eukeur kapurba (kakurung) ku wujud imah kudu bisa ngabedakeun sipat imah jeung kaayaan parabotna.
Nya kitu deui urang kapurba ku Wujud Nu Maha Suci , teu beda waktu urang ka purba ku imah tea, lantaran eta geura perlukeun atuh kanyahokeun mana anu disebut sipat dunya, sababna nyaeta bisi suwung nu disebut Wujud nu Maha Suci, Bereum, Koneng, Bodas, Hideung disebut sipatna nu Maha Suci, Jasmani disebut Af'alna Gusti, ingsun hayang diasmaan Allah.
Ari kuduna meujeuhna bae nyebut Wujud nu Maha Suci teh kanu ngagaduhan sipat rohman rohim , Af'alna sidik nyebutkeun ayana Allah teh kanu akbar, sarta nu Wujud ayana , sarta nu mohal suwungna, Asmana mah kumaha dinya, rek nyebut Allah, God, Pangeran, Thian, jeung sajaba ti eta nurutkeun basana bae sewang-sewangan.
Naon sababna pangna urang kudu ngabedakeun ayana Rohmannirohim , jeung ayana Jasmani , ari sababna mah teu aya liyan supaya urang bisa ngabogaan tekad Mangeran ka Allah sarta manut ka Rasullulah , niru kana sipat welas jeung asih, ngajauhan tina nafsu nu beureum, koneng, bodas jeung hideung, tegesna ngajauhan tina napsu ka-Jasmanian, da Jasmani mah keuna ku ruksak, da resepna betah di lahir kumawula ka Nur Cahya nu katelah Anwar tea , terahing Ijajil nu dilaknat ku Allah, nu matak ayeuna bukti nu Mangeran ka Ijajil atawa Dajal tea tegesna nu sok keuna ku ajal, salawasna nyipatkeun ka sipat beureum, koneng, bodas, hideung, teu ngarasa teu rumasa usik malikna make pitulung Gusti, tuluyna ujub takabur ngakukeun dirina Allah, nyuwungkeun nu sipat aya, ngaayakeun kanu sipat euweuh.
Buktina loba nu ngaku-ngaku rumasa dirina geus Ma'rifat, sedeng ngawujudkeun acan, merekna geus diaku, digawena teu bisaeun.
Sindirna: 1 jalma pasang merek , yen manehna jadi juru tulis, tapi nulisna acan bisaeun. Nu matak sanajan bisa, cing atuh ulah umaku, ngaku ngagem elmu ma'rifat , bisi milepas ngaku Allah ka nu bila haefin bila maknin (nu teu dat teu sipat, nu teu arah nu teu enggon). Kapan Allah mah akbar, puguh datna puguh sipatna, Af'alna reujeung Asmana. Teu cara Ingsun, estu suwung ( La haola wala quata) usik malikna oge kasipatan ku nu aya (lila billahi aliyul adim).

Tidak ada komentar:
Posting Komentar