Ari hartina karuhun teh nya-eta anu jadi lantaran ngasalkeun "ayana" jas-mani jeung getih (rohaniah) urang, nya kitu deui ti Nur Ruhun (Wujud anu Maha Suci = nu murba) urang geus kasifatan ku kamurahan jeung kaasihan Anjeunna, buktina :
Roh urang kasifatan ku Kudrat (Pangawasa) nya tuluy boga Kabudayaan (kunst) ?
Roh urang kasifatan ku Iradat (Pangersa) nya tuluy boga Kadaek.
Roh urang kasifatan ku Ilmu (Uninga) nya tuluy boga Kanyaho.
Roh urang kasifatan ku Hayat (Hirup) nya tuluy boga Hurip.
Roh urang kasifatan ku Sama (Ngarungu) nya tuluy boga Ngadenge.
Roh urang kasifatan ku Basar (Ningali) nya tuluy boga Nenjo.
Roh urang kasifatan ku Kalam (Ngandika) nya tuluy boga Ngucap.
Naha hiji bangsa bae anu ngabogaan JAS-mani jeung Roh anu kasifatan ku Kamurahan jeung Kaasihan Nu Ruhun (Gusti) teh ? ? ? . . . . . .
Ih, henteu ! ! ! Cindekna sakabeh kaayaan jeung anu ngajamannana estu kajadian ("ayana") teh make lantaran ti "Karuhun" bae . . . . . . Katerangannana kieu :
Moal urang jadi jelema, lamun karuhun urang lain jelema ! !
Moal jadi tangkal cau, lamun Karuhunna lain tangkal cau ! !
Ngan lebah kabudayaan, kadaek, kanyaho, hurip, denge, tenjo jeung ucapna eta asal kasifatan ku Nu Ruhun, nya Gusti nu Maha Suci tea . . . . . .
Keur naon gunana eta 7 sifat ti Nu Ruhun teh ?
Ari gunana mah nya-eta sangkan sakabeh mahluk nu geus ngarasa ngabogaan (diparabotan) ku ayana Jasmani nu ti Karuhunna jeung ROH-MANI-ROH-HIM (Kawelas-Kaasihan) ti nu Ruhun pek daraek netepan dina enggon-enggona jaradi mahluk, nyarumponan kana adegan sarta ngaran anu geus diaraku ku maranehna, saperti :
Kangaranan :
Tangkal cau, tangkalna, daunna, kembangna, buahna jeung sagala-galana kudu tetep "cau" . . . . . .
Kangaranan jelema, nya kitu keneh !! Geura netepan dina ngaraning jelema !!!! Geuning saur Karuhun aya kieu : "Geura pigawe pagawean sa-JATI-ning Manusa (nu tulen-tulenna ngaran manusa), Upama kieu :
Kecap :
"Karta nginum" . . . . . .
Sa'adatna, anu di-inum teh inumeun
Sah'adatna, nginumna kudu di kasungutkeun
Saha'datna, anu nginum ? . . . . . .Karta !!
Kakara nginumna teh nyumponan kana kecap "Mangeran kana bener sarta manutan kana rasa anu bener !!!
Ageman manusa oge ari samistina mah kudu kitu, nya-eta : "Syah-adat-ing Manusa tea". Nya-kitu deui pikeun "Mangeran ka Wujud anu Maha Suci jeung matut ka Rasa Nu Maha Suci", atuh kudu sing nyumponan kana kecap anu geus diucapkeun ku maranehannana da ari kecapna mah eta ngan beja ti batur . waktu urang keur tatanya !!!. . . . . . Ayeuna tinggal geura prak-keun ! Bisi kafiran !!! . . . . . .Naon ari kafiran teh?..... Ari kafiran, nya-eta : Kapan tadi geus diterangkeun "Urang ti Nu Ruhun jeung ti Karuhun geus dimodalan parabot : Kabudayaan, Kadaek, Kanyaho, Hirup, Denge, Tenjo jeung Ucap, tah eta parabot geura gawekeun, sangkan ngawujud sarta nyumponan kana kecap anu geus diucapkeun ku urang tea. Lamun teu digawekeun mah atuh tangtu kafirannana "kapan hayang jati naha atuh teu daek digawe ???"
Ku lantaran eta, loba conto dina waktu ieu loba anu ngaharamkeun kana kabudayaan Karuhun urang, sedeng eta anu ngaharamkeun teh lolobana bangsa urang keneh, sedeng maranehannana enggon-enggoning ngaharamkeun kana kabudayaan karuhunna teh kalolobaannana teu puguh ujung puhunna, naha pang disebut teu puguh ujung puhunna ? Pangna disebut teu puguh ujung puhunna teh ku lantaran maranehannana ana ditanya naon maksudna karuhun urang urang boga kabudayaan kitu ? Saperti : "Ngawayang, Wawacan, Mantun jeung sajaba ti eta" anu ngandung siloka baris hartikeuneun ahli warisna ...... Maranehannana tuluy ngajawab "euweuh dina hadisna" !!! jeung teu meunang ku agama ! Nya ari babakuna mah teu nyahoeun kana kabudayaan karuhunna !
Har, kutan aya agama atawa dirigama anu ngalarang kana kabudayaan (kunst) karuhunna salah sahiji bangsa anu nuju kana kahadean pikeun kasalametan sakabeh bangsa jeung ngarukunkeun kamanusaannana ???? Bener aya larangan waktu K.N. s.a.w ka urang Arab ! Baheula anu sok daraek nyarembah kana A-allahan, Arca, jeung sajaba ti eta, nepikeu anu ngabogaan gambar oge cenah dilarang lantaran tina kasaean Kanjeng Nabi ....... Tapi di urang mah tara nyembah kana wayang, jeung eta teh kapan dadamelan Wali anu ngislamkeun tanah Jawa cenah, sarta ngandung siloka anu parenting pisan keur hartikeuneun bangsana anu resep nyungsi kasucian batinna sarta keur kasalametannana mahluk kalawan teu mandang basa jeung bangsana !!! Tah ku lantaran eta sok asa teu kaharti sanggeusna nyaraho kana kitab anu dianggap hade bet tuluy loba cekcok, mending mun tara sok kitu haram kieu haram mah. Padahal anu haram mah, nya-eta anu kafiran, nu tara daraek marake nu asal ti karuhunna jeung ti Nu Ruhun tea pikeun nyarungsi sarta sing nepi ka bisa ngawujudkeun beunangna tatanya ti bangsa sejen atawa bangsana sorangan.
Kumaha Syahadat teh? Kumaha Jatina Syahadat teh ? Sing sa-adatna kumaha nu nekadkeun Mangeran ka Allah jeung nu nekadkeun Manut ka Rasullulah teh ? Naha arek putus ku ngalimahna bae ? Moal di Syah-keun ti nu diucapkeun ku urang teh sing nepi ka ngawujudna ? Saha datna anu kudu Mangeran jeung manut teh ? Lain urang ? Geura prak atuh, da ngan ayeuna, waktu urang keur di dunya, anu kudu daek migawe pagawean anu harade pikeun kasalametan mahluk sakabeh teh ? .............
Solatna, sajabana ti nu biasa dijalankeun, nya-eta nu lima waktu tea, naha teu pantes lamun urang heug daek nurutan kabudayaan karuhun ? Geuning bejana ari karuhun sok aya kieu : Lahirna urang dikudukeun daek sumembah ka indung-bapana, guruna jeung ratuna". ari pangna kudu daek nyembah, teu aya lian
lantaran urang kudu rumasa, kapan jas-mani jeung roh urang ari lantaran mah ari
lantaran mah asal ti Anjeunna.
Sarta sabalikna ulah umangkeuh geus jadi
wong alim, sarta ka indung-bapa nganggap wong dolim, kapan ari nyaho mah boga
kolot teh dolim, pang-Mijahankeun atuh ! jeung omat ulah rek Mijah boga hayang ditukeuran ku dunya
baranana . . .
Sumembahna ka Pangeran, atuh anu puguh !
Wujudkeun beubeunangan urang tatanya teh, ti bangsa naon bae, asal anu harade
sarta kaharti, anu nyarungsi kana sifat ka-Allahan ! Pikeun neangan Jati-ning Solat dibarengan ku migawe
laku lampah anu harade sarta nyumponan kana kecap anu geus diucapkeun ku urang
sangkan merenah dina enggon-enggoning nyebut (ngaku geus bisa nyembah ka
Allah), dibarengan deui ku daek ngarasa asal lantaran ti indung-bapa, geus kitu
geura daek nembongkeun karumasaannana . . .
Wuluna: Leungeun ulah dipake ngawujudkeun
laku lampah anu goreng, sungut ulah dipake ngomong anu teu pantes, beungeut
sing manis, ceuli kudu dipake ngadenge jeung panon geura dipake nenjo, ana geus
kadenge sarta geus katenjo geura pake milih mana nu hade geura lampahkeun, anu
goreng keur tundaeun, ari ngadenge goong parunggu atawa nenjo babi mah meureun
moal haram, sugan anu haram teh pangrungu anu goreng (carita tukang tipu) nu
maksudna arek usaha wungkul ! Jeung lamun urang nenjo babi mah sugan moal
haram-haram teuing, haram soteh lamun urang jadi jelema anu laku lampah jiga
babi ! Embun-embunan sing katetepan ku pamilih anu bener, suku ulah dipake
migawe jeung sabangsana.
Tah eta nasehat karuhun !!! Naha ulah
dipake ??? Naha beresih kalakuan teh putus ku beresihna cai bae ? Meuereun ari
beresihna jas-mani nya bener ku cai, jeung kawelas kaasihan Pangeran mah kudu
ku laku lampah anu berdasar welas asih ka papadana deui ...... Nya hadena mah
“hade lampah, beresih cai”.
Zakat-fitrahna, sajabana ti anu lumbrah;
turutan deui bae karuhun, nya-eta cenah karuhun mah sok daraek tutulung ka nu
butuh, tatalang ka nu susah, nganteur ka nu keu’eung jeung sok nuduhkeun ka nu
teu nyaho kajeun ka bangsa naon oge, kajeun ka nu tara sambeang oge, kajeun
anjing budug ti jarian oge, asal ulah rek nyilakakeun bae; komo ari ka
indung-bapa mah : Ulah abong-abong sok sambeang ka indung-bapana oge sapedah ku
tara sambeang tea mani teu daek ngaku-ngaku acan, pajar teh anjing cenah !
Samrukna sapedah kahalangan ku teu sambeang teh ulah (teu kudu ditulungan),
malah saur karuhun mah : Eta nu sok kitu ngaranna “akal koja” (ulah mere,
hayangna dibere bae) jeung cenah jaman karuhun mah ana tutulung teh tara agul
jeung tara dina hiji bulan bae, malah salawasna bae, satungtung gumelar dilahir
kuduna kitu.
Puasana, sajabana ti nu lumbrah; karuhun
mah ana fa’na kana per’elmuan (kana pamanggihna) nepikeun ka lali kana dahar
lali sare, lali kana sagala-galana, estu junun ka nu hiji, tapi lain lali owah
akal, saperti ngaco, lain poho ka indung-bapa, ngomong lain cara anu kasurupan,
cara si Dadap kasurupan ku sukma si Ali, lain; tapi ku fa’nana tea, estu jauh
tina sipat anu teu difanakeun, deukeut rasana jauh sareatna, paingan cenah tara
jauh ti rasana, beda deui jeung si Dadap anu kasurupan tea, ana puasa teh samemehna
“pek” sok gancang nanyakeun bukana heula. Cindekna rarasaannana teh geus
deukeut jeung kadaharan bae. Atuh ana kitu mah paingan si Dadap jauh rasana.
Alias teu pati eling. Atuh moal bisa “Salim soleh” (sabar-tawekal). Atuh moal
nyaangan batur (mamaleman). Moal boga rasa rumasa ka Karuhun jeung Nu Ruhunna?
Naha moal lebaran kituh ? Naha arek munggah jadi hiji jeung si Ali anu aya dina
tangkal palem bae.
Munggah Hajina ? Sajabana ti nu biasa;
urang oge kudu munggah jadi hiji jeung sifat-sifat anu harade, da urang oge
kasifatan ku sifat-sifat anu harade, nya-eta: Roh urang kapanjingan (kapurba)
ku sifat : Kudrat buktina geus boga kabudayaan, ku Iradat bukti boga kadaek, ku
Ilmu bukti boga kanyaho, ku Hayat bukti boga hurip, ku Sama bukti boga ngadenge,
ku Basar bukti boga nenjo jeung ku Kalam bukti boga ucap ..... Keur naon eta
teh ? ..... Kapan cenah hayang ngawujudkeun hade, sangkan engke bisa nyentraal
kana sagarana hade? .... Geura prak atuh digawe, meumpeung parabot cukup keneh,
anggahota meumpeung kumplit, nasehat pikeun nyungsi kahadean saeutik-eutikeun
enggeus nyaho, meujeuhna geura prak digawe, naha arek iraha deui atuh ? lamun
henteu arek ayeuna ? sugan mohal ari arek dipupusti keretas jeung tulisannana
bae mah, da henteu rek nyembah ka keretas jeung tulisannana. Tadi mah diajar
nulis jeung maca soteh nya-eta kuhayang nyaho sarta ngaharti kana kitab-kitab
anu cenah nerangkeun katerangan Agama jeung ngudukeun kumaha para Nabi ka
umatna teh ? Ku lantaran kitu atuh ari geus ngarti mah wajib tea dijalankeunnana
ari matak mawa kana kasalametan mah, jeung wajib deui ongkoh daek ngabejaan ka
nu acan nyarahoeun, saperti : “Nu lantaran kamiskinan heug teu bogaeun ongkos
keur tatanya, anu jarahat, anu disebut kafir tea jeung sabangsana” ulah
dipojok, tapi lamun nyaho geura pek omekeun. Kapan sok “Kul Hu”, bejakeun kanu
teu nyahoeun atuh, ari urang geus nyaho mah !
Katerang pribadi nu ringkes : “S a n g k a
n h a d e”
Sa-adat-na : Nu rek kumawula parabotna
kudu aya, kudu ka saha nya kumawula teh, kudu kumaha prak-prakannana jeung ka
saha nya manut teh ?
Sah-adat-na : Migawe sagala pagawean ku
anggahotana nurutkeun nanaon (sagala) parentah panutannana jeung ulah
ngalelewe, sabab eta sarua jeung ngahinakeun kana rasana sorangan.
Saha-datna ? Sakabeh mahluk, anu ngarasa
kudu rumasa.
Syahadatna : Nekadkeun Mangeran ka Wujud
nu Maha Suci jeung Manut ka Rasul nu Maha Suci.
Kudu Solat, Sabab eta padamelan Rasulullah
ari sababna anu uninga kana Wujud anu Maha Suci anging Rasul Anjeunna.
Kudu Netepan ...... Sing saha anu rumasa
ka-aya-an rasa nu asal ti Rasulullah, daraek netepan, mun manusa kudu katetepan
ku ka-manusa-annana sabab mun manusa laku lampahna nirca, eta sarua bae jeung
henteu netepan (mun tangkal cau tea mah buwahan kadu)
Kudu Sembah-hyang ...... Sembah Karuhun
urang ! Karana mohal aya urang lamun teu dilantaranan ku ayana karuhun! Saha
nyatana Karuhun teh! Tah indung jeung bapa!!! Tah eta guru, tah eta raatu,
nya-eta wong attu, nya-eta wong atua karo! Nu ngayuga ka urang beurang jeung
peuting! Nu ngawarah urang! Nu hese cape, malah loba nu teu bisa netepan,
lantaran ku ngurus urang tea, ulan ngahina atuh ka kolot upama kolot urang teu
bisa netepan! Anggur fijahan kadinyah! (pang-nobatankeun!) Kuebankeun kahewanan
urang, peuncit kasatoan urang, waktuna tuluy pake migawe kamanusa-an, kolot teh
tangtu sukaeun jigana sanajan geus aya di aherat oge anu tangtu milu bungahna!
Sindirna : Ngarukunkeun ramo lima nu ti kenca jeung katuhu, diacungkeun bari
tungkuus aya di aherat oge anu tangtu milu bungahna! Sindirna : Ngarukunkeun
ramo lima nu ti kenca jeung katuhu, diacungkeun bari tungkul tanda ayaanda aya
panghormatna sanggeus ngacung eta panghormatna sanggeus ngacung eta ramo
dibalikkeun kana tungtung irung mawa harti yen dina diri teh estu kapurba ku anu
Ruhun (Gusti=Hyang Agung?), kade ulah dianggap sanghyang Dewa bisi aya nu
ngaharamkeun! ....
Tadi oge aya cenah “Saha anu daek sumujud
ka kolotna eta sarua jeung sumujud kana dirina, saha nu sumujud kana dirina
(lamun manusa ngagem kamanusa-an) eta sarua jeung sumujud ka Wujud-Na”
Kudu Sambiyan : Sugan cageur kudu bageur.
Sugan ngeunah kudu genah, lamun hade eta kade (ati-ati) lantaran ayeuna lamun
arek nyiar hade sok manggih goreng, kitu oge “lolobana” ......... Mun urang
cukup kudu nyukup. Elingkeun salawasna ceuk Jawana : Heneng-hening-hawas lan
heling.
Ulah salah paham, ieu katerangan pribadi
“sajabana” tina Solat biasa.
Zakat-Fitrahna : Tulung anu butuh, Talang
anu susah, Anteur nu keueung, Tuduhkeun anu teu nyaho.
Puasana : Sing bisa ngarasakeun
Beubeunangan sakola, beubeunangan
masantren, beubeunangan tatanya ti bangsa sejen sumawon ti bangsa sorangan
geura prak atuh parigawe sangkan ngawujud sacara anu geus diparentahkeun pikeun
nyungsi ngaranin, hade sagala-galana. Sarta sabalikna ulah nepi ka jadi loba
nyieun goreng kasasama hirup ............
Sing Munggah Haji jadi hiji dina Kahadean
nya-eta sangkan ka purba ku nu Maha Suci.
A=tidak, gama=ribut, kacau-balau; Agama=agar tidak ribu/kacau-balau; artinya aturan hidup & kehidupan manusia sesuai kitab suci yang diyakini.
BalasHapusSyahadat artinya janji, ikrar pada diri pribadi, sebagaimana diketahui banyak macamnya sesuai dengan niat apa yang akan dilakukan.Sebagaimana ikrar para karuhun/leluhur bangsa yang saya ketahui ada "Syahadat Sayang" artinya "Demi Kasih-sayang" yang berpedoman pada BK5; Bismillah, Kesadaran, Kerukunan, Keselamatan, Kebahagiaan dan Ketuhanan YME. Wasalam dari Khairnurbaya Wijaya