Anu parantos Karungu saeusina S u a l - J a w a b nu numutkeun pamendak akang, mugi-mugi rayi kersa ngalenyepan sing dugi ka tiasa milih anu leresna, manawi bae aya gunana kangge lampahkeuneun anu bade ngilari kasaean ku modal tanaga salirana wungkul, margina kapan teu euweuheun aya anu ngagaduhan kapalay nyungsi kana jalan sae (Agama) kahalangan ku teu gaduh dunya, tuluy sok aya saur kieu : "Ari kana Agama mah kabeh oge pada harayang ngajalankeun, ngan kumaha ari teu boga modal mah geuning sok baroraah aya nu daek mapagahan, kapan dicampuran oge tara, komo ari anu geus kasebut sok daek ngaja-lankeun kajahatan mah jigana teh ngan wungkul jadi pamoyokan, da ari tuluy diomekeun mah tara; leuheung ari ieu diharam-haram mah, jeung ari anu kurang pangerti-budina mah nyebut haram jeung ngewa teh lain kana tekadna nu salah, tapi ieu mah estu kana adegannana, jadi upama kadupak mobil mah lain hayang ngajar kanu nyetirna, tapi ieu mah anu ngambek teh bet kana mobilna, kapan aya nu sok kieu : nenjo ronggeng, haram ! nenjo bangsat haram ! nenjo tukang maen haram !, tapi ari manehna usaha ku jalan ngaronggeng (igel-igelan bari ngalagu, teu rumasaeun) , nekadkeun usaha ku jalan ngadagangkeun Asma Pangeran (kanyahona tina hal Agama ku manehna dipake andelan neangan dunya, teu karasaeun), kapan nyaho ari Elmu Agama kudu diamalkeun, naha atuh dipake usaha ?"
Kapan loba nu sok dimaenkeun, hartina teu buru-buru dituduhkeun "kudu kumaha prakna sangkan urang disebut manusa, kapan geuning tangkal cau mah, sok cau sagala-galana, tara ngaronggeng da lain ronggeng, tara maling da lain bangsat, tara maen, malah cauna oge tara hese didaharna, tur rasana tara jauh tina rasa cau, kacaba ari nu ngadaharna teu walagri mah, nya eta gumantung ka nu ngarasakeunnana bae".
. . . . . . . "Bener ari di dunya mah sagala oge kudu aya sarat dunya deui, nya-eta nu aya, keur nu euweuh; nu euweuh mistina kudu ti nu aya, sangkan bisa nyungsi kana jalan ka Allahan ku nyumponan kana ngaraning manungsa nu aya kamanusaannana " . . . . . . .
. . . . . . .Tah ku margi sok aya saur anu kasebat di luhur manawi katampi ku rayi supados modal urang kangge nyungsi kana Agama, ulah kabujeng seep ku nu ngaronggeng, ku nu maling (nipu), ku nu maen kedah enggal bae geura tawajuh (guguru ka guru anu mursid) ku jalan tawajuh dina tempat nu teu kaauban ku wawangunan, nya-eta ulah kapincut ku carita jijieunan nu ngabibita wungkul, cindekna kudu tawajuh mah kudu ka nu ngawangun, da sanajan kasaungan oge ari laku lampah urang hade mah ku nu ngawangun (Pangeran) oge tangtu dipiasihna, agamana tangtos katepi . . . . . . .
. . . . . . . Tawajuh di tengah lautan, nya-eta hate urang sing lebar (lega) ulah cupeut sarta tekadkeun Mangeran ka Wujud nu Maha Suci sareng Panutkeun ka Rasul nu Maha Suci meumpeung urang dipasihan pitulungna nu Maha Suci (jijiriman-jijisiman) . . . . . . .
. . . . . . . Tawajuh di enggon, nya-eta kedah aya di enggon sorangan, mun rumaos ngagaduhan asma (jenengan) manusa, atuh kamanusaan urang ulah ditebihkeun tina adeganana (enggonna) . . . . . . .
. . . . . . . Tawajuh di tengah leuweung, nya-eta sing tiasa nyepikeun (nebihan) hawa nafsu dunya nu sok nyasarkeun . . . . . . .
. . . . . . . Tawajuh di ungkulan kitab, nya-eta sing tiasa mupunde saeusina kitab Pangeran, elingkeun salamina teundeun dina embun-embunan sangkan ulah salah tekad . . . . . . .
. . . . . . . Tawajuh di amparan samak, sing sa maksud jeung Agamana, saampar jeung nu ngamparkeunnana (Guru), guru nu neteskeun urang satetes ulah sulaya, mun awas ningali kuda, atuh ulah sok dibejakeun munding, mun ngadenge sora musik ulah dibejakeun nu ceurik, cindekna urang ulah osok bohong kudu guru jeung muridna akrob kanyahona teh, tapi lain akrob jasmanina . . . . . . .
Boweh sindirna urang kudu beresih, lain beresih euweuh, tapi beresih hade nya kalakuan, hate sing seukeut kanyaho, bisa milih nu salah jeung bener, ulah sok rubuh-rubuh gedang, sagala kumaha batur, iklas tega kana sipat pati, nimbulkeun ka sipat hirup ku daek ngahirupkeun anggahotana pikeun nyungsi ka Nu Hirup, nya Gusti Nu Maha Suci, satungtung ngumbara di lahir kersa nutup barang luwareun manusa, sindirna nutupan panon, ceuli, irung, sungut sarta sing eling ka Rahmat Gusti nu ngocor taya kendatna, sindirna nu tawajuh sisi cai, nganyahokeun ka murahan Gusti teu beda jeung cai palid ngeusian buana kabeh, mun ditulis moal mahi pimangsieunnana, kertas jeung kalam nya kitu keneh.
Nu matak ti baheula nepi ka kiwari teu beak-beak nasehat, gunta-ganti kanyaho nu ngajamanan, nurutkeun kaayaan jaman bae, jadi lamun dibukakeun mah estu moal katuliskeun kabeh, paingan nu miskin susah, susah lamun dimahalkeun mahal kudu dibeuli ku dunya, susah pimeulieunnana, nya tuluy loba nu miskina sagala-galana, paingan loba nu jahat, jahatna lantaran teu nyaho di bener; tukang bener kitu deui , loba nu ngan kari akuan wungkul, merkna paluhur-luhur, embung lamun teu kasebut, sakabeh pamuji kahayangna keur manehna, estu Adam lali tapel, hartina geus poho kanu gaduh puji (Bismillahi), geuning saur sepuh kapungkur mah sok aya saur kieu : "Ulah sok hayang kapuji, anggur urang kudu resep muji", tapi kumaha ari ayeuna ? Nya kalolobaannana mah pada harayang kapuji bae !!
"Ulah hayang kasebut pinter" sabab anu pinter mah anging pitulung anu Maha Suci (Illa billahi aliyul adzim?), malah samistina mah kudu rumasa teu daya-upaya-upaya acan (la haw la wala quatta?), tapi ieu oge kumaha? Ieu oge nya sami bae, sabagian gede nya rata-rata umangkeuh boga rasa aing bener, aing nu bisa, sarta sabalikna kabenerannana teh teu dirasakeun heula. Ku ayana anu kitu teu euweuheun sakalieun aya nu nuduhkeun ka nu kapandang bener oge sok rajeun aya nu "nyegag". Komo ninggang ka nu gila-basa, estu anggapannana ngan hiji bahasa bae anu boga bener teh, nepi ka meh-mehan hayang miceun (teu nganggep bener kana bahasana sorangan).
Tah nu kitu ana geus kaporong sok ngajadikeun hiji kajadian nu pohara kaliruna, kaliru kana tujuan Agama, buktina loba kajadian aya anak ngalainkeun ka kolot, ku sapedah henteu salagam, padahal lagam sora atawa nasjidna huruf mah eta henteu gumantung kana tujuan Agama, da ceuk sepuh kapungkur mah geuning sok aya saur kieu : Pangeran iku ora aningali ucap, anging aningali tekad, anu pisundaeunnana kieu : "Pangeran teh henteu ningali ucap anging ningali tekad". Kumargi eta upami parantos kahartos parentah-parentah anu katulis dina kitab-kitab anu nuju kana Agama cing geura atuh wartosan anu teu aracan aruningaeun, ka urang Sunda atuh ku Sunda, ka urang Jawa atuh ku Jawa, Malayu ku Malayu jeung sabangsana.
Ulah sieun teu dianggap soheh ari bener mah ! Moal kurang sari ari kaharti mah ! Sarta sabalikna najan huruf jeung nyelekeukna ari teu ngarti mah teu matak jadi dangdanan, da ku para Nabi oge meureun lain ngan dititah ngocoblak bae, tapi hartikeun sarta kudu prak jaralankeun, bejaan nu acan nyaraho'eun, nya eta sangkan kaayaan dunya jeung nu ngajaramannana pada saralamet salawasna.
Jalanna sangkan mulus, nya-eta lamun nyaho aya nu salah "atuh geura omekeun", ulah ngan ngomong "si itu murtad, si itu kafir bae", naha urang ngaku boga Nabi (Guru) teh rek dilelewe bae, atawa rek diturut parentahna? Naha rek diturutan teh ngan make pakean lahirna wungkul ? Sing harti atuh ari ngaran Agama teh "kalakuan" nu harade nu nyungsi arah ka Allahan geuning dipakean Rukun Islam jeung Rukun Iman, nya eta urang sangkan ditariung ku kalakuan anu hade, da ari kagorengan mah sanajan sagede bu'uk oge ku Pangeran anu tangtu kauningana, jadi hartina sanajan urang ditiungan ku lawon oge ari kalakuan goreng mah ku Nagara oge tangtu dihukum, komo deui ku nu kawasa.
Sanajan bangsa naon oge ari kaadilan mah pada ngaayaan. Jadi cindekna tina hal urusan pakean lahir mah ulah sok make dihijikeun jeung urusan Agama, sapedah ka nu make stelan nyebut "kafir" jeung sabalikna sapedah urang make tiung hayoh ngaku "Islam", palebah dieu mah atuh sing kaharti bae, da lain urusan lahir, malah sukur, keur mah urang teh make pakean Islam ana pak teh jeung kalakuannana hade, meureun anu tangtu bakal loba harayangeun milu .
Ulah bon make nyirian maneh sanajan teu kaciri oge ari anu bener tangtu loba anu hayang nurutan. Geuning dina riwayat para Wali baheula mah cenah dina enggon-enggoning ngajalankeun kahadean oge tara harayangeun katangar : Mangeranna ka Wujud anu Maha Suci, Maranutna ka Rasa nu Suci, Sumembahna ka Nu Maha Suci, jembarna ka Ibu-Ramana, Zakat fitrahna tara sok hayang katangar. Ngaji rasana ka sasama mahluk estu tara ngabeda-beda, Estu padamelannana teh munggah jadi hiji jeung sifat-sifat anu harade bae . . . . . . .
Mung pamugi rayi ulah ngaraos dinasehatan, teu dikedahkeun percanten kana sagala pamendak akang, upami teu sapamendak ulah bade ngaraos dilainkeun, satadina oge kahayang akang anging bade ngilari tuduh jalan anu leres, manawina bae aya kaleresannana, atuh upami aya nu kapandang leres sumangga urang jalan-keun ku prak (praktijk), theoryna (nasehatna) anu kapandang sae atuh sumangga wartoskeun deui ka nu teu acan aruningaeun, supados pada di jaralankeun kana jalan nu nyungsi kasalametan sadayana (sarerea).
Sinareng upami aya basa nu kapandang lepat maksadna, mugi ulah bade asa-asa sumangga geura lereskeun bae, sanes lepat kedah dianggap leres, namung nu salah kedah diomekeun disarengan ku panghapuntenna.
Mung pamugi rayi ulah ngaraos dinasehatan, teu dikedahkeun percanten kana sagala pamendak akang, upami teu sapamendak ulah bade ngaraos dilainkeun, satadina oge kahayang akang anging bade ngilari tuduh jalan anu leres, manawina bae aya kaleresannana, atuh upami aya nu kapandang leres sumangga urang jalan-keun ku prak (praktijk), theoryna (nasehatna) anu kapandang sae atuh sumangga wartoskeun deui ka nu teu acan aruningaeun, supados pada di jaralankeun kana jalan nu nyungsi kasalametan sadayana (sarerea).
Sinareng upami aya basa nu kapandang lepat maksadna, mugi ulah bade asa-asa sumangga geura lereskeun bae, sanes lepat kedah dianggap leres, namung nu salah kedah diomekeun disarengan ku panghapuntenna.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar