Ari tawajuh teh nya-eta pagawean nu manjing guru, hartina nekad-keun ku lampah jeung ucapna sakur anu geus diajarkeun ku guruna.
Tapi mungguhing di dunya sok aya papasangannana, atuh tawajuh oge teu beunang ditetepkeun dina hade bae, ari sababna geuning sok loba bukti aya nu ngajarkeun kagorengan, atawa saukur bebeneran sorangan alias lain bener tulen atawa ngan ngawujud-keun angkeuhan wungkul.
Tah ku lantaran eta sangkan urang manggih jalan pikeun tawajuh nu hade teh atuh kudu jeung pamilih, sabab loba anu geus kajadian goreng lantaran saentasna tawajuh, saperti loba nu jadi reu'eus, teu akur jeung nu teu saihwan, cawadan, cegekan, ari aya nu ngome-keun hayoh dipajarkeun ngabantah ..... jeung salianna, atuh buahna beunang tawajuh teh tembres goreng, sabab kasaksian ku panca dria nu lima oge goreng, saperti katenjo, kadenge, kaambeu, ka-omongkeun jeung karasa ku anu ngarasakeunnana.
Naha nu kitu teh kalakuan anu hade ?
Meureun lain, sabab sidik nga-aDAT-keun kana siksik-melik wungkul .... hartina kajeun ngaku geus tawajuh, lamun sagala wungkul omongan alias boga rasa luhur sorangan, tapi pagawean-nana ngan matak goreng, anu tangtu manehna teh bakal panggih jeung beutina, palebah dieu sing ngarti; lain ngabeuti hui atawa taleus, tapi beutina goreng A-DAT tea, atuh panggahotana nu 9 nu diibaratkeun wali teh dipake MERAD hartina mangprung dina lampah goreng, tapi leuheung ari meradna ngan saban pukul 9 bae, atawa dina satungtung kasipatan ku pangawasa keur ngeusian pabeyasan karena halal mah, sabab ari nu merad teterusan sok manggih nu beureum (amarah?) koneng (luamah?) bodas (sawiyah?) hideungna, nya powekeun tuluy bae tadah tuduh, nu kasaksi ku panca driana oge hayoh di pi-Gusti. Atuh nu kitu mah dat anyar nu asal kajadian tina Kamurahan Pangeran, jeung hawana (pangawasa wujud anyar) nya-eta anu kasipatan ku Pangawasa Pangeran (Kudrat!). Anu matak ku nyalahannana sangka sok rajeun aya nu mapandeukeun Pangeran kana cahaya, suwung elingan, jajantung jeung rupa-rupa dat anu alanyar. Atuh lain Dat Laesa Kamislihi ari nu kitu mah ! Kusabab kitu tetela pisan jeung pancadria (5 panggahota urang) kudu dipake nganyahokeun ayana dat anu alanyar, nya-eta sangkan ulah wani mapandeukeun Gusti rek disasaruakeun jeung nu dicaritakeun di luhur sabab anu bisa dibuktikeun ku panca dria mah eta teh asup dat anyar anu ka-sipatan ku pangawasa jeung pangersana Gusti bae, sabab .... upama euweuh pangawasana mah tangtu moal aya dat-datna acan nu alanyar teh, ku lantaran eta supaya leuwih kaharti ieu di handap diterangkeun.
Anu katenjo ku panon,
Anu kadenge ku ceuli
Anu kaambeu ku irung
Anu kaucapkeun ku lambe,
Anu karampa ku rasa.
Eta kabeh dat anyar (nu asal tina kamurahan Pangeran), ari panga-wasa nu dipake nenjo, ngadenge, ngambeu, ngucap jeung ngarasa ku urang eta KA-sipatan ku pangawasa Anjeunna, numatak pantes urang kudu mangeran ka Anjeunna teh, sarta lamun urang geus nyaho yen Gusti teh sifatna welas jeung asih, atuh ulah salah nya mangeran, ari mangeranna urang kudu nga-dat-keun parentah Rasulna, nga-sipat-keun sacara nu welas jeung asih ka sakabeh dat nu kabukti ku panca dria tea, sabab huripna alam dunya nya-eta kulantaran ayana jeung rukun anu ngeusiannana, karena lamun teu daek marigawe rukun Rasulna mah tangtu Alam teh ruksak tina kaayaan asalna ! Kusabab kitu tetela pisan lamun panca dria teu dipake nganyahokeun mana dat nu anyar jeung mana nu tiheula eta sok loba kajadian nu mahiwal ngajalankeun sareatna, tarekatna sok make ngarobahan rukun nu geus ditetepkeun ku nu tiheula, sarta geus nga-hak-keun bebeneran sorangan atawa bebeneran paguron-na, ana kitu ma'rifatna oge ngan kana cita2 (dikira-kira, dipapan-deukeun), ana kitu mah atuh salah, sabab moal aya kecap Muhala-fatulilhawadis, lamun beunang keneh disasaruakeun!
Ku katerangan di luhur sugan bisa dihartikeun kieu pikeun nu tawajuh teh kudu bisa puasa hartina teu ngabeda-beda kaayaan rasa nu sejen jeung manehna eta sarua.
5 powe teh lain powe anu masang nya-eta nu make beurang jeung peuting, tapi ieu mah: kudu netelakeun yen enyana sakabeh dat nu kasaksi ku pancadria eta lain Gusti, tapi eta dat asalna tina kawelas jeung ka-asihna Gusti.
7 powe nya kitu keneh, lain powe papasangan tapi yen nu aya dina 7 lapis bumi jeung 7 lapis langit eta kasipatan ku pangawasana Gusti. Anu matak lamun urang geus nyaho yen sakabeh dat anu araya teh asal ti Gusti, atuh urang oge kudu nembongkeun sacara anu mangeran ka Gusti, nya-eta mikanyaah ka sakabeh dat anu kasipatan ku pangawasa jeung pangersa Gusti.
9 powe, hartina satungtung urang ka-datan, ka-sipatan ku pangawasa Gusti saperti kieu: sanggeusna urang boga (?) badan, geus kitu tuluy bisa eling, nenjo, ngadenge, ngambeu, ngomong, ngarasa, mikir, obah jeung ngalangkah, tah eta nu 9 perkara ku urang ibaratkeun parabot pikeun melak (ngalampahkeun) kalakuan anu hade jeung sasama pada di dunya, palebah dieu tetela ari neangan beuti hade ulah diteangan ku sapedah ngabeuti hui atawa ku merad migusti kana cahaya bae, tapi satungtung urang kasipatan ku pangawasa sacara anu dicaritakeun di luhur, atuh geura prak sareatkeun parentah Rasul anu geus ditetepkeun dina Rukun-na, sangkan sa aDat dina enggon-enggoning Mangeran ka Gusti teh, Manutna ka Rasul nya-eta ulah migusti ka sakabeh dat nu anyar. Geura tarek nafsu urang, sangkan ulah mawa kana jalan anu salah (mahiwal ti parentah Rasul), hartina lamun urang daek melak hade, beutina ge tangtu hade, daunna ge kahadean, nu tangtu beunang dilalab, hakna geus teu salah deui, panggih jeung kasalametan, ma'rifatna ka nu hiji, meureun moal ucas-acos, ibarat nu maen colok, Gusti pek dipapandekeun, dicipta dicita-cita, atuh beunang dicipta mah lain, sabab bisa nyipta soteh urang mah kana dat nu geus kapanggih.
40 powe, hartina lain ngan 40 beurang jeung peuting bae urang iman ka Gusti teh, tapi salawasna satungtung urang kadatan jeung kasipatan ku pangawasa jeung pangersaNa mah atuh geura prak nga-datkeun sareat nu miturut RukunNa, ngersakeun narek nafsu supaya ngimankeun ka sakur nu ditetepkeun dina Rukun Iman.
Puasa nu miturut Agama mah, sarta nu geus ditetepkeun ku Rukun Islam, ngan dina bulan Puasa sabulan.
Ari nu 5, nu dipake guguru pikeun neangan kahadean mah nya-eta ku pancadria sangkan nganyahokeun ka sasamana.
Ari nu 7, nya-eta pikeun nganyahokeun yen nu araya dina babasan 7 tungkebing langit jeung 7 tangkaraking bumi pada kasipatan ku pangawasa Pangeran, sarta pangawasana teh henteu percumah, tapi estu berguna keur hirup sarerea, jeung
Anu 9, nyaeta pangawasa urang teh kudu dipake ngahirupkeun (nurut) kana paerntah Agama, ngahuripkeun ieu dunya, ngajalan-keun welas asih ka sasama.
Anu 40, satungtung urang ngarasa kasipatan ku pangawasa jeung pangersa Pangeran mah, atuh nya sapantasna bae aya rumasana, ari rumasana nya-eta ulah ngaku luhur ulah reu-eus, kudu daek nuduhkeun jalan kanu teu terang, kitu oge ulah ari nyanyahoan mah, daek ngahampura kana kasalahan batur, welas jeung asih ka sasama di dunya, henteu mandang basa jeung bangsa di dunya, mun boga kasalahan kudu tumarima, cindek mah kudu tumarima dina teu nyahona, sarta sawajibna kudu Iman, hartina nya-eta percaya ka Gusti, (nu sipatna diterang keun dina sipat 20 , jeung 20 deui ma'na-na), ka Kitabna, ka RasulNa , Malaekatna jeung Takdirna sangkan salamet ti awal nepi ka panggih jeung powe panganggeusan teh Islam patekadannana, prak Sahadat, prak Solatna, Jakat Fitrah Puasana, karena lamun teu kitu hartina lamun teu prak kumaha Munggah hajina? kapan bisana disebut agama hiji teh ku a-DATna, ari adat Islam nya-eta nu milampah Rukunna.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar